“Malem Senén payun wé da saur nu sanés, korsél téh dua minggu dadasara di Alun-alun Cimalaka,” ceuk Nyi Aasih.
“Naha teu malem Minggu?” ceuk kuring da bongan Nyi Asih kalah ngajangjian malem Senén. Ngan manéhna teu kaburu ngajawab sabab elf kaburu datang. Atuh dina elf teu kaburu malikan deui pananya da loba panumpang séjén Ké éra mun kapaggih yén kuring jeung manéhna kakara panggih harita.
*
NGANTEURKEUN téh enya wé ukur samet hareupeun gang. Saterusna manéhna ngincid sorangan ke jero gang. Teuing jauh teuing deukeut imahna ti sisi jalan gedé téh.
Jaman harita (taun 1980-an), geus ilahar awéwé jeung lalaki patepung di jalan pasampangan, tina ukur silih kelétan langsung wawuh. Langsung jaradi kabogoh, atawa malah tepika balé nyungcungna pisan. Biasana patepungna téh di tempat raraméan saperti pasar malem. Atawa bisa ogé patepungna di hareupeun pala-taran gedong Bioskop Pacific.
Nyi Asih kaciri jiga kataji ka kuring. Sabab babari neguhna. Lamun awéwé purun, moal nolak. Sabalikna lamun teu purun, bisa tepika jejebrisna pisan, embung ditanya embung ditoél.
Pan ari Nyi Asih mah, dina ombak banyu sasat tipepereket nyekel pingping kuring. Basa di-na elf, ditangkeup gé sumerah.
Tapi basa malem Senén, didagoan hareupeun tukang martabak di tempat ombak banyu, Nyi Asih can témbong. Didagoan tepika sajamna, weléh euweuh. Saban beus Cirebon anu eureun, sabab elf Kadipatén anu eureun, didagoan sugan salah saurang panumpang anu turun téh Nyi Asih, tapi lain deui lain deui.
Tepika tabuh satengah salapan kituna téh.