Padahal nyaho ngaran manéhna mah teu pira jeung basajan. Basa manéhna turun tina elf, ti jero elf aya anu nyorowok. “Awas balikna montong peuting teuing, siah Asih!” sora awéwé te-ngah tuwuh.
“Jajapkeun nya uihna,” ceuk kuring nawarkeun jasa.
“Ah, wios da ludeung,” témbal Nyi Asih.
Tapi kuring maksa hayang nganteurkeun manéhna. Kumaha henteu rék melang atuh, wayah peuting najan kakara tabuh satengah tujuh, awéwé balik sorangan.
“Tapi tong dugi ka rorompok. Cekap sisi jalan wé ...” pokna. Kuring unggeuk.
Basa keur megat elf anu muru ka Buahdua, Nyi Asih neuteup sababaraha kali kana dadasar martabak endog. Kuring hideng nyampeurkeun dadasar, tur meuli martabak tilu.
Nyi Asih bangun anu éraeun da meureun ngarasa katohyan yén manéhna hayang martabak endog.
“Saleresna mah pun bapa anu seneng kana martabak téh ...” cenah bari nampanan jingjing-an kérésék.
“Ari Asih teu seneng kitu?”
“Ih, nya katenan wé atuh. Malah sok dianggo réncang sangu ...” témbal Nyi Asih ngagelenyu.