Carpon Ratna Ning
DUIT sapuluh rèal. Duka sabarahaeun mun dirupiakeun. Mun duit Malaysia, sapuluh ringgit, dirupiakeun kurang leuwih tilupuluh rèbueun. Jeung duit dua puluh rèbu nu geus boleas rupana. Tara digomèng-gomèng, jadi tunggul kuras, nurutkeun papagah kolot.
“Kudu aya tunggul kurasna dompèt tèh. Keur pamikat. Ulah koredas taya salambar-lambar acan. Pamali! Sok anggang jeung rejeki,” kituna tèh sok pok deui pok deui. Jadi pepeling nu matri dina ati.
Ti parawan kènèh sok nyimpen tunggul kuras tèh. Baheula mah boga duit bènggol sagala. Sababaraha lambar saratus pèrakan, nu lima ratus pèrak nu gambarna monyet, jeung salambar duit sarèbu. Sok mindeng diolo ku tukang nèangan duit antik. Tapi tara ieuh dibikeun. Hanjakal, tunggul kuras tèh leungit jeung dompèt-dompètna.
Tilu lambar duit asing tèh ngabogaan sajarah sewang-sewang. Duit nu rèal, ngarupakeuan tawis asih ti Kang Arief, papacangan mangsa keur parawan. Manèhna urang Bogor. Indungna pituin Gunung Putri, bapana urang Arab.
Wawuh jeung Kang Arief mangsa sok resep turun-unggah gunung, ngasruk leuweung mapayan jungkrang. Harita sabada turun ti Gunung Gedè Pangrango tuluy malipir gulampèng Gunung Salak. Di dinya amprok jeung Kang Arief, mahasiswa salasahiji paguron Islam Negeri di jakarta nu keur naèk gunung jeung baladna.
Ku lila remen ngobrol, antukna jadi dalit jeung Kang Arief, tepi nganteurkeun balik. Ku seringna tepung lawung, tatali batin tèh manjang.
Tapi barang hubungan geus nincak kana serius, bapana Arief teu doaeun. Les we Kang Arif teuing ka mendi. Dina hiji mangsa, bakating ku sono, maksakeun maluruh Kang Arif ka panganjrekanna di Cipayung. Tapi nyamos. Antukna kuring sadar, Kang Arif ukur jadi kembang impian, nu nyata mah tawis asihna nu mangrupa duit sapuluh real nu diselapkeun dina loket.
Ari duit ringgit dongengna matak ketir. Bakat ku hayang mopohokeun Kang Arif, kuring miang ka Malayasia. Digawè di rèstoran China. Enya ka Kang Arif bisa poho, tapi baganti ku kahareneg. Unggal poè kudu molah daging babi. Ras inget kana kekecapan Bapa, ti heula basa memeh indit bubuara.
“Cadu, turunan kami kudu bubuara ka ka luar nagri!” kitu pokpokanna Bapa harita. Tapi kuring lah-lahan bari jeung teu malire kana caritaan kolot.