“Mamah, nyènyènnnn...,” budak merenyèng bari noèlan gado. Diparende lain sarè, kalah ka gulinggasahan budak teh.
Budak teh umur dalapan belas bulan, ngomongna geus capètang, najan cadel keneh. Ti budak saprak lahir, cisusu teh saat. Ceuk bidan mah pedah kuring nyusuan liwat umur.
Sapeupeuting budak ceurik, lapar. Botol cisusu eusian cigula beureum, nu teu pati amis, da gulana sakitu-kituna.
Kang Jana kajeueung humandeuar. Di luar, hujan ngecrek ti beurang keneh. Aya ku harianeun, keur mah teu boga cecekelan, Kang Jana galigeuh. Saban poe ngahurung balung. Geus kana dua mingguna, Kang Jana aya di imah bari pabeasan kosong.
Karasa hirup teh asa pangmalaratna. Boga adi dua, bareunta, tapi da era ari kudu remen barang penta mah.
Di luar hujan ngipisan. Budak can jempe, ngèar hayang susu. Kang Jana kalah nangkeup sirah di enggon. Duh, sakapeung matak jengkel kana hate nenjo salaki taya gadag teh.
”Matak naon, mulungan-mulungan rongsokan atuh. Ulah nangkeup sirah waè...,” kuring kukulutus.
Ukur bisa ngurut dada. Hirup kuring meureun ukur sakieu.
“Emas buntung! Duit heubeul! Duit bènggol! Duit luar! mangga kalurakeun, urang peser!”
Keur anteng ngurut dada, aya tukang duit antik. Inget, mun kuring boga duit real jeung ringgit. tunggul kuras. Piraku kudu dijual? Hate jadi marojengja.