Téks jeung Kontéks dina Paribasa

- 14 Juli 2023, 05:00 WIB
Alam jeung manusa, mangrupa dua anasir nu ngalantarankeun robahna kabudayaan. Alam robah, ngalantarankeun robahna paripolah jalma. Illustrasi: kaéndahan alam di wewengkon Punclut, Bandung.*
Alam jeung manusa, mangrupa dua anasir nu ngalantarankeun robahna kabudayaan. Alam robah, ngalantarankeun robahna paripolah jalma. Illustrasi: kaéndahan alam di wewengkon Punclut, Bandung.* /Bayu Nurullah/Pikiran Rakyat/

Esai: Yayat Héndayana

 

PAROBAHAN téh mangrupa “hukum besi” kabudayaan. Da mun teu robah mah tangtu lain kabudayaan. Anu teu robah mah ajén-inajénna. Nya ajén-inajén nu aya dina kabudayaan, anu mangrupa “benang mérah” tina kabudayaan hiji jaman ka kabudayaan di jaman lianna. Nu ngalantarankeun robahna kabudayaan ti hiji jaman ka jaman lianna téh bawirasa aya dua. Nu kahiji alam, nu kadua paripolah manusa. Alam gedé pisan pangaruhna kana robahna kabudayaan. Karasa pisan ku urang ayeuna, alam kiwari téh kacida pisan bédana jeung alam bihari. Lahan anu baheula kebon atawa sawah, ayeuna mah geus robah jadi imah atawa jalan.  Ari alih fungsi lahan apan lumangsungna kerep pisan. Tina sawah atawa kebon anu robah jadi padumukan, éstuning gancang kacida.

Pangna gancang, ku lantaran jalma nu butuh ku padumukan beuki réa. Pikeun nyieun imah tangtu butuh tanah.Patani nu kabitaan ku duit, réa nu ngajualan tanahna ka pausahaan properti. Antukna, sawah jeung kebon ngurangan. Pangaruhna kana “ketersediaan pangan”, kacida pisan gedéna. Ku lantaran kaayaan alamna robah, atuh tangtu wé paripolah manusana gé robah. Kabudayaan, anu cék Prof. Koentjaraningrat mangrupa hasil tina hirup-kumbuh papada jalma,  ku robahna paripolah masing masing jalma téh tangtu wé kabudayaan gé robah.

Baca Juga: Juag Kurban Sapi 

Kontéks Paribasa

Alam jeung manusa, mangrupa dua anasir nu ngalantarankeun robahna kabudayaan. Alam robah, ngalantarankeun robahna paripolah jalma. Robahna paripolah jalma ngalantarankeun robahna kabudayaan. Kabudayaan mangrupa téks nu bisa “dibaca”. Ari pajamanan mangrupa kontéks nu ngalantarankeun éta téks téa lahir. Lebah dieu jadi ras inget kana paribasa. Paribasa anu mangrupa salah sahiji pakaya basa, sarta basa anu mangrupa salah sahiji anasir kabudayaan, tangtu mangrupa téks. Kumaha narasina éta téks bawirasa ditangtukeun ku kumaha kontéksna, kumaha pajamanana. Ana kitu, paribasa nu lahir di hji jaman tangtu henteu bisa dilarapkeun dina hiji jaman lianna. Alam nu robah dina hiji jaman lain baé mangaruhan kana paripolah jalma nu ngajamanana, tapi ogé cara-pandang, pamadegan, angen-angen, sarta sakumna sikep-budaya-abstrak nu aya di éta jalma.

Ku lantaran pakuat-pakaitna antara téks paribasa jeung kontéks pajamanana kacida pisan deuheusna, atuh dina lebah napsirkan eusi paribasa téh kudu ogé didadasaran ku tinimbangan kontéksna (pajamanana). Ana kitu, teu sakumna paribasa baheula merenah upama diterapkeun kiwari, da apan pajamanan kiwari béda jeug pajamanan baheula. Tapai, teu kurang-kurang paribasa baheula anu merenah kénéh dilarapkan kiwari. Lain ku lantaran jamanna teu robah, tapi ku lantaran téks paribasana kacida pisan kuatna. Ku lantaran kitu merenah upama paribasa samodél kitu disebut mibanda ajén nu adiluhung téh. Paribasa anu “payu” dina jaman kumaha waé. Paribasa anu “payu” di saban waktu.

Baca Juga: Tatar Ukur jeung Dipati Ukur, Riwayat Priangan jaman Mataram

Ari paribasa baheula anu ngan ukur loyog dilarapkeun dina pajamanan baheula mah, atuh teu kaci disebut paribasa anu adiluhung, tapi cukup ku disebut paribasa anu luhung. Ari téks paribasa anu upama dilarapkeun dina pajamanan kiwari éstu jajauheun kana merenah, malah bisa jadi ngagaanggu pisan kana léngkah pimajueun (urang Sunda), asana leuwih hadé tong diparaké. Simpen wé di musium-basa, pikeun jadi ciri yén urang Sunda kungsi ngabogaan téks paribasa kawas kitu. Pikeun guareun jalma-jalma nu kataji ku kamekaran basa.

Réa paribasa baheula anu geus teu merenah deui dilarapkéun dina pajamanan kiwari. Karék merenah saupama tapsirna ditambah, atawa hartina diganti. Salah sahiji conto paribasa baheula nu geus teumerenah diterapkeun dina pajamanan kiwari, nyaéta paribasa nu unina “ulah goong nabeuh manéh”.  Hartina, ulah sok nyartakeun diri sorangan. Éta mah baheula kitu sotéh. Apan jaman kiwari mah geus béda. Sangkan batur nyaho naon leuwihna urang ti nu lian, nya tangtu kudu diomongkeun. Nyaritakeun leuwihna urang ti batur teu cukup ukur ditepikeun dina tulisan atawa lamaran wungkul, tapi ogé kudu jeung lisan. Malah aya kalana batur leuwih yakin kana naon nu ku urang dilisankeun, manan naon nu ku urang dituliskeun. Paribasa samodél kitu upama  ditapsirkeun saujratna nurutkeun tapsir baheula mah tangtu moal merenah. Tug padahal batur mah hayangeun pisan nyaho naon unggulna urang ti nu lian.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x