Buku “Tritangtu” Imam Mudrika, Napak dina Falsafah Kasundaan, Ngudag Kasajatian Hirup

- 13 September 2023, 11:00 WIB
Gambar jilid "Tritangtu" karya Imam Mudrika.*
Gambar jilid "Tritangtu" karya Imam Mudrika.* /REA/Glr/

Esai: Rosyid E Abby

 

DI lingkungan masarakat tradisional, utamana tradisional Sunda, konsep alam teu weléh diwengku ku tilu hal: hareup, tengah jeung tukang. Atawa: luhur, tengah, jeung handap. Kitu deui dina sual waktu: bihari (baheula), kiwari (ayeuna), jeung baringsupagi (jaga, waktu nu baris kasorang).   

Konsep alam saperti kitu, di masarakat tradisional Sunda disebutna téh “Tritangtu” (tilu katangtuan). Nu matak, pola pikir masarakat tradisional Sunda teu weléh ngait jeung konsep nu tilu éta. Aya silih asah, silih asuh, jeung silih asih. Aya tékad, ucap, jeung lampah. Aya naluri, nurani, jeung nalar. Kabéh pada-pada ngait jeung konsep kahirupan.

Buku Tritangtu karangan Imam Mudrika, écés pisan ngagambarkeun konsep manusa Sunda nu katalikung ku tilu poko dina nyorang kahirupan: bihari, kiwari, jeung baringsupagi.  Lebah dieu Imam Mudrika nyokot kasangtukang sajarah minangka dadasarna. Munasabah lamun dina bukuna éta “pabalatak” ngaran-ngaran Prabu Siliwangi, Prabu Surawisesa, Dyah Pitaloka, Ratu Subang Larang, Pajajaran, jeung sajabana. Éta ngaran-ngaran “Sunda heubeul” téh diungkab dina karya-karyana anu ditulis dina wangun puisi, sarta dikumpulkeun dina buku Tritangtu téa.

Baca Juga: Galura Cetak III September 2023, Ritual Nyuguh di Kampung Kuta Ciamis dina Kaayaan Tigerat ku Cai

Buku Tritangtu (pedalan Gentra Marcapada Production, citakan Tulus Pustaka, Juni 2015) téh diwengku ku 41 puisi karya Imam Mudrika, anu méméhna kungsi dimuatkeun ku pangarangna di sosial media Facebook, kalawan ngaran Pilarpakujajar Pakuanpajajaran.

Ku lantaran eusi jeung jejer (téma)-na lolobana ngeunaan ajén inajén spiritual tina budaya Sunda nu sumberna tina sajarah, Tritangtu-na Imam Mudrika tangtuna leuwih museur kana konsep atawa filosofi dasar kanagaraan Pajajaran (ku Imam mah ditulisna téh “Padjadjaran”). Lebah dieu Imam nyutat eusi Koropak 362: “... Djagat Daranan di Sang Rama, Djagat Kréta di Sang Resi, Djagat Palangka di Sang Prabu..." ("Semesta bimbingan tanggung jawab Sang Rama, semesta karaharjaan tanggung jawab Sang Resi, semesta tahta tanggung jawab Sang Radja...").

Baca Juga: 24 Jam Nonstop di Shopee Live, Ruben Onsu, Sarwendah, juga Aurel Ramaikan Puncak 9.9 dan Raih Untung Besar

Ngeunaan ieu, ku Imam ditulis dina puisina nu dijudulan “Tritangtu” (k. 3), sarta sabagéan dicutat saperti kieu: 

Padjadjaran Nagri Purba

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x