GALURA – Aya 26 tim bola voli makalangan marebutkeun piala bagilir dina turnamen bola voli Kajari Cup II Taun 2023 dina raraga ngareuah-reuah Hari Bhakti Adhyaksa ka 63. Tiap tim: forum perangkat desa ti 26 kecamatan sa-Kabupaten Majalengka, Jawa Barat.
Ceuk Kajari Majalengka, Eman Sulaeman, turnamen bola voli Kajari Cup II Taun 2023 lain ngan sakadar ajang kompetisi, tapi bagian tina kagiatan Hari Bhakti Adhyaksa ka 63.
"Turnamen bola voli Kajari Cup II Taun 2023 kajabi ngareuah-reuah Hari Bhakti Adhyaksa ka 63 oge buktos korps Adhyaksa merhatoskeun atlet daerah pikeun ngarojong kamotekaran dunya olahraga bola voli di Majalengka," ceuk Eman Sulaeman, Kemis (13/7/2023).
Baca Juga: Téks jeung Kontéks dina Paribasa
Inyana mihareo ku digelarna turnamen bola voli Kajari Cup II Taun 2023, olahraga bola voli di Majalengka langkung motekar jeung medalkeun atlet-atlet hebat dina bola voli. Turnamean lumangsung salila tilu poe, 11-13 Juli 2023.
Ketua KONI Majalengka, Bhakti Nugraha ngaapresiasi kana panyalagrana turnamen bola voli Kajari Cup II Taun 2023 nu dilaksanakeun ku Kejaksaan Negeri Majalengka.
"Sim kuring ngahatur nuhunkeun ka Pa Kajari Majalengka. Ieu turnamen lengkah positif dina ngawangun sinergi kangge kamajengan olahraga sareng pangwangunan karakter generasi muda," pokna/
Salian marebutkeun gelar juara katut piala bergilir Kajari Majalengka Cup II, panitia nyadiakeun insentif ka sakumna pamilon.
Baca Juga: Indra Budiaji, M.Pd.: Tarawangsa jeung Binih Paré