Panineungan Banjir di Kabupaten Ciamis Kidul, Aya nu Leungit di Masarakat

- 18 Juli 2023, 09:22 WIB
Irigasi tehnis di wewengkon Lakbok, Kabupaten Ciamis, sanggeus banjir buis diungkulan. Ayeuna mah teu nyesa nu disebut ranca (Foto BBWS Citanduy)
Irigasi tehnis di wewengkon Lakbok, Kabupaten Ciamis, sanggeus banjir buis diungkulan. Ayeuna mah teu nyesa nu disebut ranca (Foto BBWS Citanduy) /

GALURA -Wewengkon Kabupaten Ciamis kidul baréto mah ari usum hujan teu weleh banjir alatan cai di Citanduy jeung di Ciseel mudal. Sanggeus dijieun tanggul nu tohaga banjir bisa diungkulan. Aya nu leungit tina kahirupan warga sanggeus wewengkon padumukanana tara banjir teh.

"Bocah, hayu urang ngala iwak. Hasilna urang jual, jang madang!" ceuk Sankasdi, urang Lembur Sentul, Désa Sukanagara, Kecamatan Banjarsari, Kabupatén Ciamis, malikkan deui omongan bapana mangsa dirina keur leutik. Ngala lauk maké parahu téh di Citanduy jeung Ciséél?

"Lain. Tuh, itu temat ngala lauk mah," tembal Sankasdi nu jeung bojona, Rasinah ngawarung lebakkeun pisan tanggul Ciseel di Kecamatan Banjarsari, Kabupaten Ciamis. Wewengkon anu dituduhkeunana téh, kiduleun warung jeung kuloneun tanggul, taya lian pasawahan nu legana upluk-aplak.

Baca Juga: Head Line Galura Cetak Edisi III Juli 2023, Ritual 1 Suro di Tatar Sunda

Pasawahan bieu sabagéan lahan bawahan Daérah Irigasi Lakbok Selatan di Ciamis Kidul. Baréto ieu daérah irigasi nu ngawengku Kacamatan Padahérang, Lakbok, jeung Kalipucang daérah langganan banjir. Welasan taun ka tukang di Jawa Barat ukur Ciamis Kidul nu sok kabanjiran waé téh, meunang sababaraha minggu kakeueum ku cai.

Usum hujan nu disebut Banjir Palédah atawa Banjir Ciamis Selatan pangparna mun di Tatar Sunda aya kabupatén séjénna nu kaléab cai walungan. Banjir Palédah sasat jadi warta nu panglobana ngeusian suratkabar. Séjén jeung ayeuna, warga nu sok ngangluh atawa katalangsara alatan lemburna kabanjiran téh pan daérah Bandung.

Kiwari mah mun keur ngijih, urang Ciamis Kidul nu lemburna paeunteung-eunteung jeung Cilacap, Jawa Tengah, mah éstuning bisa saré tibra. Teu hariwangeun lemburna kakeueum cai. "Asana geus lila tara ngungsi ka tanggul atawa ka pasir deui téh. Teu dibeberik cai, teu disumbang béas, papakéan urut, jeung teu jadi eusi suratkabar," ceuk Sankasdi.

Pati-pati sarua ngabalangsakkeun jalma jeung ingon-ingon, ceuk Sankasdi, banjir di lemburna baheula jeung di daérah batur ayeuna, banjir di Dayeuhkolot Kabupatén Bandung upamana, kaitung béda: Cai nu ngeueum lembur di sapanjang Citanduy jeung Ciseel mah méré kahirupan.

Baca Juga: Sajak Emha Ubaidillah

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x