Narkoba Tacan bisa Diungkulan wae, Polres Majalengka Ngungkab deui 9 Kasus Narkoba

- 18 Juli 2023, 20:30 WIB
Polres Majalengka ngungkab deui 9 kasus narkoba.
Polres Majalengka ngungkab deui 9 kasus narkoba. /Ayank/Galura

 

GALURA -Kawasna ngungkulan narkoba teh hese pisan. Buktina wae Satuan Reserse Narkoba Polres Majalengka, Polda Jabar,  dina tilu bulan triwulan kadua taun 2023 ayeuna ngungkab 9 kasus narkoba.

“Tina 9 kasus narkoba, sapuluh  jalmi ulon-ulonna diamankan Polres Majalengka," ceuk Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto,S.I.K.,M.Si., ditepikeun Wakapolres Majalengka Kompol Bayu Purdantono, S.I.K.,M.I.K, Salasa (18/7/2023).

Kasusna ayeuna masih dina proses sidik di Polres Majalengka. Barang buktina Ganja, 285,82 gram; 38 paket sabu, 14,86 gram; obat keras,  4.189 siki.

Baca Juga: Muscab VII Pemuda Pancasila Kabupaten Majalengka, Ketua Umum MPN Pemuda Pancasila Ngarojong Anies

Tina 9 kasus bieu tilu kasus tindak pidana narkotika jenis ganja, tilu kasus tindak pidana narkotika jenis sabu, jeung; tilu kasus tindak pidana  ngajual obat keras.

Ulon-ulon tindak pidana narkotika jenis sabu dijiret ku Pasal 114 ayat (1) Jo Pasal 112 ayat (1) UU RI Nomor 35 taun 2009 ngeunaan Narkotika dengan ancaman hukuman minimal 4 taun.

Ulon-ulon tindak pidana narkotika jenis ganja dijiret Pasal 114 ayat (1) Jo Pasal 111 ayat (1) UU RI Nomor 35 taun 2009 ngeunaan Narkotika kalayan ancaman hukuman minimal 4 taun.

Kompol Bayu   cumeluk tur miharep sangkan masarakat nu nyaho kana tindak pidana narkoba sagancangna ngalaporkeun ka kapulisian.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah