Patalimarga Kaganggu, Jalan di Cimenga Kuningan Katutup Urug

- 12 April 2024, 07:11 WIB
Urug nutup Jalan Cipasung-Subang, Kabupatén Kuningan.
Urug nutup Jalan Cipasung-Subang, Kabupatén Kuningan. /BPBD Kuningan/

GALURA-Patalimarga Cipasung-Subang Kabupatén Kuningan kaganggu urug di sababaraha titik lokasi urug, Kemis, 11 April 2024.

Urug ti antarana di Jalan Raya Cipasung-Subang lelewek Blok Babakansari Désa Cimenga Kecamatan Darma.

Kepala Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Kabupatén Kuningan, Indra Bayu Permana, nyebutkeun di Cimenga aya gawir sisi jalan urug luhur 10 métér panjang 20 méter rubak 5 méter nutup jalan.

Ceuk Indra Bayu, sabada nampa laporan, pihakna ngirimkeun tim pikeun ngungkulan éta urug.

Pon kitu aparat désa ngalakonan koordinasi reujeung pihak kecamatan TNI, Polri jeung BPBD Kabupatén Kuningan.

"Aksés jalan tos tiasa diliwatan ku mobil sareng sapédah motor, tapi kedah iatna. Margi teu acan normal sadayana," ceuk Indra Bayu.***

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x