Bupati Bandung Nitènan Imah Warga nu Ruksak Balukar Caah jeung Urug

- 2 Desember 2023, 21:42 WIB
Warga gotong royong ngomean Imah NU urug
Warga gotong royong ngomean Imah NU urug /Sopandi/g.galura co.id

GALURA.CO.ID -Bupati Bandung Dadang Supriatna nitènan langsung tempat kajadian musibah jeung ngalongok warga nu keuna balukar cacah jeung urug nu kajadian poè Juma'ah, 1 Desember 2023, burit.

"Dinten ieu simkuring nguriling nitènan lokasi mana nu rawan bencana sareng kedah saènggalna dibantos, " pokna, Saptu, 2 Desember 2023.

Bupati nyebutkeun aya sababaraha lokasi bahla banjir. Pikeun ngungkulanana walungan kudu gancang dikeruk jeung dilegaan.

Baca Juga: Anggota DPRD Kabupaten Bandung Riki Ganesa Ngarojong Pemekaran Desa Cinunuk

"Sajabi ti kitu, ogè ngawangun tembok penahan tanah (TPT)," ceuk Bupati Bandung.Umpamana pangwangunan TPT Walungan Cikambuy pernahna di Lembur Cipanjang RT 05 RW 02, Desa/Kecamatan Soreang.

TPT Walungan Cikambuy ambrol alatan mudalna cai balukar hujan leubeut kamari. Ku jebolna èta TPT cai asup ka pamukiman warga.

"TPT ti Walungan Cikambuy ambrol, saènggalna bakal didangdosan. Enjing, nganggo anggaran pekerjaan mendesak ti Dinas PUTR," ceuk Dadang Supriatna.

Bupati ogè nitènan tilu imah warga nu keuna balukar urug di RW 20 Desa Cibodas Kecamatan Pasirjambu. Tilu imah bieu korban kaasup rumah tidak layak huni (rutilahu), turta dapurna kaurugan taneuh tina TPT gawir nu ambrol.

"Aya tilu bumi warga nu keuna ku urug sareng lebet kategori rutilahu nu meryogikeun dangdosan, tur badè saenggalna urang dangdosan," ceuk Bupati Bandung.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x