Sasak Citarum di Dayeuhkolot Kabupaten Bandung, geus Rarengat, Taun 2024 Dibangun deui

- 2 Desember 2023, 21:14 WIB
Sasak Citarum di Dayeuhkolot geus rarengat, taun 2024 bakal dibangun sasak nu anyar.
Sasak Citarum di Dayeuhkolot geus rarengat, taun 2024 bakal dibangun sasak nu anyar. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Pj. Gubernur Jawa Barat Bey Machmudin nètèlakeun, sasak Citarum heubeul di Kecamatan Dayeuhkolot Kabupaten Bandung nu geus rarengat taun 2024 engkè rèk diwangun deui, dianyarkeun.

"Anggaran nu disayagikeun pamarèntah pusat, Pemerintah Daerah Provinsi Jawa Barat, katut Pemkab Bandung Rp 55 miliar, " ceuk Bey Machmudin basa nitènan sasak Dayeuhkolot dibarengan Bupati Bandung Dadang Supriatna, Saptu, 2 Desember 2023.

"Sasak Dayeuhkolot  memang tos rarengat. Ku kituna simkuring narèkahan supagi tiasa ngawitan didangdosan atanapi diwangun jambatan nu ènggal upami tos teu tiasa ditumpangkeun kana sasak nu heubeul," ceuk Bey.

Baca Juga: Dialog Capres 2024 jeung PWI, Anies Baswedan: ‘Tong Méré Dahareun ka Buzzer’

Bey nyebutkeun diusahakeun pangwangunan fisikna dimimitian taun hareup. "Upami aya rengat apanan mgabahayakeun. Ulah dugikeun ka ambruk, " pokna

Bupati Bandung Dadang Supriatna ngaku pihakna nepikeun perluna dibangunna sasak Dayeuhkolot nu anyar waktu rapat kordinasi kepala daerah sajawa Barat di Bandara Kertjati Majalengka.

"Simkuring ngadugikeun, salasawios prioritasna tèh Sasak Citarum di Dayeuhkolot nu kaayaanana rarengat tur kedah saènggalna diwangun deui. Alhamdulillah Pa Pj. Gubernur Jawa Barat ngarespon  sareng langsung ningal lokasi," ceuk Bupati.

Dadang nyebutkeun, Pemkab Bandung ogè daria ngarojong pangwangunan jambatan anyar sasak Citarum, utamana diperyogikeun lahan masarakat.

"Upamina aya hahalang aya sapalih lahan nu kedah dibebaskeun, nya APBD Kabupaten Bandung ogè badè ngarojong supados Sasak Dayeuhkolot  ènggal rèngsèi, "ceuk Bupati Bandung.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x