Sapuluh Taun Jadi Kades Margahayu Selatan, Kabupaten Bandung,, H. Amin Undur Diri Lantaran Nyaleg

- 2 Desember 2023, 07:00 WIB
Kades maten, H. Amin Muhammad Barkah (katilu ti kenca) dipoto bareng jeung unsur Muspika Kecamatan Margajayu, Kabupaten Bandung, satutas sertijab.
Kades maten, H. Amin Muhammad Barkah (katilu ti kenca) dipoto bareng jeung unsur Muspika Kecamatan Margajayu, Kabupaten Bandung, satutas sertijab. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -H. Amin Muhammad Barkah, ST, ngajabat Kepala Desa Margahayu Selatan, Kecamatan Margahayu, Kabupaten Bandung, dina periode kaduana karèk rèk lekasan taun 2025. Ngan Amin undur diri lantaran aub jadi pamilon pamilihan legislatif DPRD Kabupaten Bandung 2024 engkè.

Sanggeus resmi ngundurkeun diri sababaraha minggu kaliwat,  acara Pisah Sambut atawa sertijab ti Amin ka Nanang Supriatna salaku Pelaksana tugas (Plt) Kepala Desa Margahayu Selatan digelar di GOR desa satempat di Komplek Margahayu Kencana, Juma' ah, 1 Desember 2023.

Nanang Supriatna nètelakeun salila 15 taun inyana mancen tugas di Kecamatan Margahayu apal pisan kamekaran Desa Margahayu.

Baca Juga: 4 Tahun PRMN, galura.co.id: Ekosistem PRMN Leuwih Hirup bari jeung Huripna

Nanang nganuhunkeun ka camat Margahayu nu geus mèrè kapercayaan ka dirina jad Plt Kepala Desa Margahayu Selatan. Inyana ogè mènta pangrojong sakumna pihak jang mgajalankeun kepercayaan kasebut.

Nanang ngapresiasi Amin, salila jadi kepala desa, di Desa Margahayu Selatan geus loba parobahan dina pangwangunan.

"Mugia siimkuring tiasa langkung saè, minimal sami sakumaha nu dihontal ku kepala desa sateuacanna," ceuk Nanang Supriatna.

H. Amin nepikeun panuhun ka sakumna pihak sangkan ngarojong salila jadi Plt Kepala Desa. Ku pangrojong ti sakumna pihak dirina bisa ngajalankeun pangwangunan di Margahayu Selatan.

Sepuluh taun jadi kepala desa, H. Amin ngaku beurat rèk ngècagkeun, tapi inyana cenah hayang ngamangfaatkeun umur keur kamaslahatan masarakat nu leuwih lega aweuahanana.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x