Anggota DPRD Kabupaten Bandung Riki Ganesa Ngarojong Pemekaran Desa Cinunuk

- 2 Desember 2023, 21:25 WIB
Anggota Komisi A DPRD Kabupaten Bandung ti Fraksi Golkar, Riki Ganesa.
Anggota Komisi A DPRD Kabupaten Bandung ti Fraksi Golkar, Riki Ganesa. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Anggota Komisi A DPRD Kabupaten Bandung ti Fraksi Golkar, Riki Ganesa meunteun Desa Cinunuk dimekarkeun kacida geus manjing tur perlu dirojong.

"Minangka warga Desa Cinunuk jeung anggota DPRD bawirasa tina sajumlah sisi Desa Cinunuk tos manjing pisan dimekarkan sareng perlu dirojong sakumna pihak," ceuk Riki, Saptu 2 Desember 2023.

Riki ngaapresiasi ka sajumlah pihak nu geus mèrè lampu hèjo kana pamekaran Desa Cinunuk.

Baca Juga: Sasak Citarum di Dayeuhkolot Kabupaten Bandung, geus Rarengat, Taun 2024 Dibangun deui

"Simkiring ngaapresiasi sareng ngahaturkeun nuhun ka Pemkab Bandung (DPMD), Kecamatan Cileunyi, Pemdes Cinunuk, BPD, LPMD, akademisi, tokoh masarakat katut tim pangusung pamekaran Desa Cinunuk," pokna.

Inyana umajak ti mimitina ayeuna babarengan ngawal  supados pamekaran Desa Cinunuk saènggalna ngawujud," pokna.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah