Urug Kerep di Kuningan, Warga Ulah Kajongjonan

- 19 Januari 2024, 06:53 WIB
Urug di salah sahiji desa wewengkon Kabupaten Kuningan
Urug di salah sahiji desa wewengkon Kabupaten Kuningan /Ajun Mahrudin/

GALURA-Nyaritakeun urug di wewengkon Kabupaten Kuningan, hususna dina bulan munggaran  taun 2024, enya bulan Januari, beunang disebetkeun kerep.

Dumasar data di Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Kabupaten Kuningan, ti semet tanggal 1nepika tanggal 18 Januari 2024, geus kurang leuwih 30 kali urug.

Kepala Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Kabupaten Kuningan, Indra Bayu Permana, nyebutkeun kajadian urug teh utamana di daerah rawan urug, kawas  di sababaraha desa wewengkon  Kecamatan Subang, Cilebak, Ciwaru, Karangkancana.

Baca Juga: Urug di Desa Gunungmanik Kuningan, Dua Umpi Ngungsi ka Imah Dulurna

Ceuk Indra Bayu, kiwari hujan di di sababaraha wilayah Kuningan meh saban poe, ngabalukarkeun urug.

Sajaba urug, oge aya kajadian  angin puting beliung,  pergerakan tanah jeung  tangkal kait rubuh.

 “Salami kajadian urug dina Januari 2024, teu ngabalukarkeun korban jiwa. Mung Aya sabaraha bumi sareng jalan anu rekasak," ceuk Indra.***

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x