Caah di Kuningan, 618 Imah Kakeueum, 2.302 Warga Katalangsara

- 7 Maret 2024, 18:36 WIB
Warga campuh, cai walungan Cisnggarung narajang pilemburan
Warga campuh, cai walungan Cisnggarung narajang pilemburan /BPBD Kuningan/

GALURA- Wangunan imah anu kakeueum caah alatan mudalna cai walungan CI Sanggarung, di wewengkon Kabupatén Kuningan jumlahna 618 imah.

Ari anu katalangsara balukar éta musibat jumlahna 2.302 jiwa atawa 667 umpi.

Éta dumasar hasil pendataan anu dilakonan ku patugas Badan Penanggulangan Bencana Daérah (BPBD) Kabupatén Kuningan.

Baca Juga: Caah Déngdéng CI Sanggarung, 414 Warga Désa Cikananga Kuningan Ngungsi

Kepala Pelaksana Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Kabupaten Kuningan, Indra Bayu Permana, nyebutkeun désa-désa anu katarajang caah téh aya di 3 kecamatan nyaéta Kecamatan Cimahi, Cidahu jeung Kacamatan Luragung.

Di wewengkon Kecamatan Cimahi aya 3 désa nyaéta Désa Mekarjaya, Désa Kananga jeung Désa Sukajaya, anu ngabalukrkeun 273 warga kakeueum jeung warga anu katalangsara jumlahna 966 jiwa.

Sajaba éta, di Kecamatan Cidahu 2 desa nyaéta Désa Datar jeung Désa Bunder 210 imah, warga anu katalangsara 716 jiwa atawa 201 umpi.

 

Di Kecamatan Luragung nyaéta Désa Benda 135 imah, warga anu katalangsara 620 jiwa atawa 155 umpi.

Caah di wewengkon Kabupatén Kuningan, ceuk Indra Bayu, henteu semet ngabalukarkeun imah kakeueum, tapi ogé wangunan séjénna.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x