Caah Déngdéng CI Sanggarung, 414 Warga Désa Cikananga Kuningan Ngungsi

- 6 Maret 2024, 06:51 WIB
Kaayaan Pilemburan Désa Kananga,  Kecamatan Cimahi, Kabupatén Kuningan. BD Kabupatén Kuningan
Kaayaan Pilemburan Désa Kananga, Kecamatan Cimahi, Kabupatén Kuningan. BD Kabupatén Kuningan /BPBD Kuningan/

GALURA- Sajaba narajang pilemburan di Desa Benda, Kecamatan Luragng, cai ti walungan CI Sanggarung, narajang pilemburan Desa Kananga, Kecamatan Cimahi, Salasa, 5 Maret 2024, kira wanci tabuh 20.30 WIB.

Rongkahna cai anu mudal ti walungan CI Sanggarung di  Desa Kananga kawasna euwih rongkah batan di Desa Benda.

Baca Juga: Cai Walungan CI Sanggarung Narajang Sababaraha Pilemburan

Dumasar data di BPBD Kabupaten Kuningan, di Désa Kananga, aya 121 imah anu kakeueum nyaeta di pilemburan RT 1 RW 1 aya 76 imah, RT 2 41 imah jeung RT 3 4 imah.

 

Luhurna cai semet 30 senti meter nepika 1,5 meter.
Sajaba imah kakeueum, ogé aya 70 domba bogana warga, 10 sapédah motor, 5 ton pare, 200 hayam jeung 50 hektar sawah anu kakeueum.  Bisa jadi henteu kapuluk alatan kabawa palid.

Kepala Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Kabupaten Kuningan, Indra Bayu Permana, nyebutkeun 414 jiwa atawa 140 umpi warga di éta pilemburan kiwari ngungsi ka tempat anu dianggap aman.


“Diantarana, ngungsi ka mushola SDN 1 Kananga. Dugika wanci janari dinten ieu (Rebo, 6 Maret 2024, tabuh 2.00 WiB) pilemburan Desa Kananga masih kakeueum,” ceuk Indra Bayu.***

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x