Cai Walungan CI Sanggarung Narajang Sababaraha Pilemburan

- 5 Maret 2024, 23:01 WIB
Warga campuh, cai walungan CibSsnggarung narajang pilemburan
Warga campuh, cai walungan CibSsnggarung narajang pilemburan /BPBD Kuningan/

GALURA- Walungan CI Sanggarung di sabudeureun Désa Benda Kecamatan Luragung, Kabupatén Kuningan mudal, Salasa, 5 Maret 2024, kira wanci tabuh 20.30 WIB.

Kepala Pelaksana Badan Penanggulangan Bencana Daérah (BPBD) Daérah (BPBD) Kabupatén Kuningan, Indra Bayu Permana, nyebutkeun di sabudeureun pilemburan Désa Benda caah.

Dumasar laporan saheulanan, ceuk Indra Bayu di pilemburan Dusun IV Désa Benda caah, luhurna cai semet pingping jalma kolot.

"Wengi ieu pak penjabat bupati angkat ngalongok ka lokasi banjir désa Benda,' ceuk Indra Bayu.

Ceuk Indra Bayu, mudalna walungan Cisanggarung alatan hujan ti girang badag. 


"Samentawis, ngamankeun warga di tempat atanapi lokasi anu aman," 


 

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x