Bojo Ketua DPD PAN Majalengka, Dicalonkeun Cawabup di Pilkada 2024, Dipasangkeun jeung Karna Sobahi?

- 23 April 2024, 10:27 WIB
Hj. Sherly Kusuma, S.E. bojo Ketua DPD PAN Majalengka, ditetepkeun jadi bakal calon cawabup  dina Pilkada 2024.
Hj. Sherly Kusuma, S.E. bojo Ketua DPD PAN Majalengka, ditetepkeun jadi bakal calon cawabup dina Pilkada 2024. /Ayank/galura.co.id

"Dicumponana hak wanoja dina pendidikan, kasehatan, aub atanapi partisipasi dina pulitik, widang ekonomi sangkan langkung produktif. Hal ieu dipiharep tiasa ngaronjatkeun kualitas kaum wanoja," ceuk Sherly.

Ketua DPD PAN Kabupaten Majalengka, H. Rona Firmansyah, kiwari DPD PAN Kabupaten Majalengka keur nyiapkeun tiket jeung finansial. Ciri partey siap keur tarung di Pilkada 2024.

Salian persiapan internal, ceuk Ketua DPD PAN Kabupaten Majalengka, H. Rona Firmansyah, pihakna geus ngawangun komunikasi ku tujuh partey lianna di Kabupaten Majalengka.

Lengkah nembongkeun tarekahna keur ngawangun kolaborasi jeung rojongan lintas partey sangkan unggul di Pilkada 2024.

Rona nyebutkeun salasahiji fokus utama program anu dirojong ku bakal calon wakil kepala daerah ti kaderna: ngarojong kaluarna peraturan daerah (perda) anu bisa ngungkulan sababaraha pasualan, saperti pasualan parkir, cuti hamil jeung rohang ramah anak.

"Salian eta, program sanesna nu oge ditawiskeun: bakal masihan fasilitas kabutuhan buruh, kalebet perda kangge pekerja migran (TKI), sarta muka rohang kangge ide-ide hade ti sababaraha golongan masarakat," ceuk Rona. *** Ayank R Sambara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah