Soal Kang Emil Asup Golkar, Philips J Vermonte : Lengkah nu Merenah Tur Strategis keur Duanana

- 19 Januari 2023, 11:10 WIB
Asupna Gubernur Jawa Barat Ridwan Kamil alias Kang Emil ka Partai Golkar tetela meunang pangajen ti juru titen pulitik.
Asupna Gubernur Jawa Barat Ridwan Kamil alias Kang Emil ka Partai Golkar tetela meunang pangajen ti juru titen pulitik. /Golkar

GALURA - Asupna Gubernur Jawa Barat Ridwan Kamil alias Kang Emil ka Partai Golkar tetela meunang pangajen ti juru titen pulitik.

Eta lengkah Kang Emil ka partey nu lambangna caringin teh merenah tur strategis kacida. Lain wae keur Kang Emilna wae, tapi deuih keur Partai Golkar.

Eta hal upamana wae ditepikeun ku juru titen pulitik Universitas Islam Internasional Indonesia (UIII) Philips J Vermonte sakumaha anu dicutat ti Antara.

Baca Juga: Ieu Geuning Alesan Kang Emil Ngagabung ka Partai Golkar Teh, Antarana Wae 'Harewos' Ti Indung jeung Ulama

Kang Emil, sakumaha anu diwartakeun resmi ngagabung ka Partai Golkar Rebo 18 Januari 2023 di Jakarta.

Gabungna Kang Emil diresmikeun ku acara khusus ku Ketua Airlangga Hartarto di Kantor DPP Partai Golkar Jakarta, kalawan diluuhan ku gegeden DPP Partai Golkar.

Kang Emil dibere kartu anggota, jeket koneng jeung langsung meunang tugas beurat, jadi Wakil Ketua Umum Bidang Penggalangan Pemilih dan co-chair Badan Pemenangan Pemilu (Bappilu) Partai Golkar.

Baca Juga: Leuweung Jahim, Wisata Alam Pagunungan Ciamis Kalér

Nurutkeun Philips J Vermonte, lengkah Kang Emil ngagabung ka Golkar teh merenah jeung strategis keur duanana.

Kang Emil diirong bisa mere warna ka Golkar enggoning ngajalankeun fungsina sabagai paniten, nu nyieun undang-undang jeung nangtukeun anggaran.

Halaman:

Editor: Aam Permana S

Sumber: ANTARA


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x