Operasi Libas Lodaya 2024 Sat Reskrim Polres Majalengka Nyangkalak 8 Ulon-ulon Kriminal

- 21 Juni 2024, 06:30 WIB
Kapolres Majalengka ngungkabkeun hasil Operasi Libas Lodaya 2024 (20/06/2024).
Kapolres Majalengka ngungkabkeun hasil Operasi Libas Lodaya 2024 (20/06/2024). /Ayank/galura.co.id


GALURA.CO.ID - Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.H., M.Si., CPHR, ngagelar press release ngeunaan hasil Operasi Libas Lodaya 2024 di pakarangan Sat Reskrim Polres Majalengka, Kemis (20/6/2024).

Operasi anu lumangsung salila sapuluh poe, 6 nepi 15 Juni 2024, ngamankeun dalapan ulon-ulon kriminal anu kalibet dina kasus pencurian dengan kekerasan (curas) jeung pencurian dengan pemberatan (curat).

Operasi Libas Lodaya 2024, anu boga udagan keur ngungkulan kajahatan curas katut curat, teh tarekah Polres Majalengka dina nyiptakeun stabilitas keamanan jeung ketertiban masyarakat (kamtibmas). Salila operasi, Polres Majalengka sakses nyangkalak hiji target operasi (TO) jeung tujuh non-TO.

Identitas sakumna ulon-ulon: ZHT (21), warga Desa Pagandon, Kecamatan Kadipaten, Kabupaten Majalengka (TO) [pelaku curas/genk motor]., RTA (21), warga Desa Karangsambung, Kecamatan Kadipaten, Kabupaten Majalengka (Non-TO) [pelaku curas R2/genk motor]., AS (24), warga Desa Cacaban, Dsn. Nanggerang, Kec. Congeang, Kab. Sumedang (Non-TO) [pelaku curat tiang kabel jaringan]., RR (33), warga Desa Cacaban, Dsn. Nanggerang, Kec. Congeang, Kab. Sumedang (Non-TO) [pelaku curat tiang kabel jaringan]., RBE (20), warga Desa Sekarwangi, Kec. Buahdua, Kab. Sumedang (Non-TO) [pelaku curat tiang kabel jaringan]., AW (26), warga Desa Padaasih, Dsn. Cibogo, Kec. Congeang, Kab. Sumedang (Non-TO) [pelaku curat tiang kabel jaringan]., MF (24), warga Desa Congeang, Kec. Congeang, Kab. Sumedang (Non-TO) [pelaku curat tiang kabel jaringan]. jeung ANT (34), warga Desa Surawangi, Kec. Jatiwangi, Kab. Majalengka (Non-TO) [pelaku curat kotak amal mesjid].

Modus Operandi Curas: sakumna ulon-ulon curas ngagunakeun kekerasan, ku modus operasi mangrupa penghadangan oge penyerangan ngagunakeun senjata tajam ku geng motor. Salasahiji kasus kajadian nalika korban anu keur nganteur babaturanana balik di udag tur dilabuhkeun ka sawah, satuluyna motorna dirampas.

“Curat Tiang Kabel: sakumna ulon-ulon ngabongkar tihang kabel jaringan kalayan ngagali oge ngaresak tembok cor beton di sapanjang sisi jalan raya”.

“Curat Kotak Amal: Ulon-ulon nyongkel kotak amal di masjid ngagunakeun gunting oge nyandak artos dilebetna," ceuk AKBP Indra Novianto.

Ulon-ulon ZHT jeung RTA dicangkalak tanggal 10 Juni 2024 di padumukanana di Desa Pagandon, Kec. Kadipaten, Kab. Majalengka. Satuluyna AS, RR, RBE, AW, jeung MF dicangkalak tanggal 13 Juni 2024 di sisi ruas jalan Cingambul-Panjalu, di Blok Candana, Desa Cintaasih, Kec. Cingambul, Kab. Majalengka. ANT bin Rozak dicangkalak tanggal 13 Juni 2024 di wilayah hukum Polres Majalengka.

“Dumasar pengembangan kasus, sakumna ulon-ulon curat tihang kabel jaringan dipikauninga tos ngalaksanakeun pencurian jumlahna 44 tihang dina dinten samemehna, ” ceuk Kapolres.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah