Hari Bhayangkara ka-78, Bupati Dadang Supriatna Miharep Polri Leuwih Nanjung

- 1 Juli 2024, 20:23 WIB
Bupati Bandung, Dadang Supriatna dan Kapolresta Bandung, Kombespol Kusworo Wibowo.
Bupati Bandung, Dadang Supriatna dan Kapolresta Bandung, Kombespol Kusworo Wibowo. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Jajaran Muspida Kabupaten Bandung milu upacara mièling Hari Bhayangkara ka-78 taun 2024 di Lapangan Upakarti Komplek Pemkab Bandung, Soreang, Senèn, 1 Juli 2024.

Iwal ti Kapolresta Bandung Kombes Pol Kusworo Wibowo,  Bupati Bandung Dadang Supriatna, Wakil Bupati Bandung Sahrul Gunawan, Dandim 0624/Kabupaten Bandung Letkol Inf Tinton Amin Putra, rèngrèngan TNI- Polri sèjènna, katut para kepala OPD oge miluan upacara.

Bupati Bandung ngawilujengkeun Hari Bhayangkara ka-78 taun 2024 ka rèngrèngan Polri. "Mugia Polri langkung sukses sareng nanjung tur tiasa ngawujudkeun Indonesia Emas taun 2045," ceuk Dadang Surpiatna.

Bupati Bandung ngaku kacida ngapresiasi kinerja Kapolri, Polri sakumna, utamana Kapolresta Bandung nu danget ieu bisa kolaborasi guyub jeung solid ngawangun Kabupaten Bandung.

"Tangtos dibuktoskeun ku rupi-rupi kagiatan sareng inovasi nu dilaksanakeun Polri kalintang luar biasa. Ngawitan ti kagiatan Jumat Curhat, ngadangdosan rumah tidak layak huni (rutilahu) sareng kagiatan sosial sanèsna di wilayah Kabupaten Bandung, " ceuk Dadang Supriatna.

Dadang Supriatna nyebutkeun hal ieu tèh conto nu alus. "Contoh nu saè, danget ieu tingkat elektabilitas Polri kalintang luar biasa. Dibuktoskeun di Kabupaten Bandung, antawis simkuring, Bupati Bandung sareng Pak Kapolresta Bandung, teu welèh solid sareng tiasa rampak damel kalayam saè, Karaos tingkat kondusifitas di kabupaten Bandung ngaronjat, " pokna.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah