Inflasi Kabupaten Bandung Turun Tepi ka 2,24 Persen, Bupati Bungangang

- 2 Juli 2024, 08:44 WIB
Bupati Bandung, Dadang Supriatna
Bupati Bandung, Dadang Supriatna /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Inflasi Kabupaten Bandung tepi ka bulan Juni 2024 aya dina angka 2,24 persen. Hal ieu matak pikabungaheun Bupati Bandung, Dadang Supriatna.

"Alhamdulillah inflasi Kabupaten Bandung dugi ka sasih Juni 2024 janten 2,24 persen, kawitna dina angka 3,04 persen. Tangtos ieu tetep ku urang pertahankeun supados sasih-sasih salejengna inflasi Kabupaten Bandung tetep stabil," ceuk Bupati Bandung di imah dines jabatan Bupati Bandung, di Soreang, Senen, Juli 2924, peuting.

Turunna angka inflasi di Kabupaten Bandung, ceuk Dadang Supriatna, hasil gawè bareng nu luar biasa liwat kolaborasi sajumlah stakeholder nu aya dina panangtayungan Asisten Ekonomi dan Pembangunan Kabupaten Bandung, Kawaludin, tepi ka sakum stakeholder ngetak.

"Ngawitan ti Dispakan (Dinas Ketahanan Pangan dan Perikanan), Distan (Dinas Pertanian), Dinas Koperasi dan UMKM, sareng sadaya stakeholder kalih  masarakat Kabupaten Bandung," ceuk Dadang Supriatna.

Ku turunna angka inflasi, Dadang Supriatna nugaskeun Dinas Perdagangan dan Perindustrian (Disdagin) Kabupaten Bandung pikeun nitenan kira-kira HET (harga eceran tertinggi) nu undak tèh naon.

"Simkuring nganuhunkeun ka sakum stakeholder nu tos bajoang maksimal. Mugia inflasi di Kabupaten Bandung tetep stabil, " ceuk Dadang Supriatna.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah