Panen Raya Pare di Majalengka Ngadalian Angka Inflasi alatan Harga Bèas Apung-Apungan

- 14 Maret 2024, 16:55 WIB
Pj Bupati Majalengka Dedi Supandi panen raya dui Leuwimunding Kabupaten Majalengka sawatara waktu ka tukang.
Pj Bupati Majalengka Dedi Supandi panen raya dui Leuwimunding Kabupaten Majalengka sawatara waktu ka tukang. /Ayank/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Panen raya pare di Kabupaten Majalengka dina awal Maret 2024 dipiharep aya kontribusina keur neken angka inflasi Jabar anu aya di angka 3,09 persen (year on year) di bulan Februari 2024.

Inflasi Majalengka, daerah anu anyar diaku jadi Indeks Harga Konsumen (IHK) aya di angka 3,05 (year on year).

Penjabat (Pj) Bupati Majalengka Dedi Supandi miharep panen raya di wewengkonna teu aya pasualan. Dua daerah anu geus panen raya di Majalengka teh Kecamatan Leuwimunding jeung Kecamatan Rajagaluh.

Baca Juga: Pj Bupati Majalengka Masrahkeun Sertifikat Tanah Program PTSL keur 2.900 Warga Kecamatan Malausma

"Pamugi dugi ka panungtung taun, target gabah kering di Majalengka kacumponan supados tingkat inflasi lungsur," ceuk Dedi Supandi nalika ngaroris panen raya Majalengka, Saptu (09/03/2024).

Ceuk Dedi Supandi, Majalengka oge kapangaruhan tina cuaca ekstrem jeung El Nino anu kajadian ampir sakumna wilayah. Ngabalukarkeun, ngarobah pola tanam anu jadi telat jeung bisa ngabalukarkeun hama tur ngamangaruhan beubeunangan pare.

Dina taun ka tukang, Dedi Supandi netelakeun,  panen raya digelar bulan Februari, taun ieu panen raya di bulan Maret nepi akhir Juni.

"Kangge total dinten ieu di Majalengka, dievaluasi aya 567.081 ton produksi padi gabah kering kangge kapayunna ngahasilkeun beas kirang langkung di sakira 451.000 ton. Dinten ieu di Sasih Maret kaevaluasi tos kirang langkung di 20.100 ton," ceuk Dedi.

Baca Juga: Pj Bupati Majalengka Nampa Parelean Dansatgas TMMD 119 Kodim 0617/Majalengka

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah