Ka Mana Pj Bupati Majalengka? Patani Majalengka Ngangluh Hese Meuli Gemuk Subsidi

- 3 Februari 2024, 11:41 WIB
Gemuk subsidi dikurangan, atuh gemuk non subsidi oge langka. Pelak jagong teu pati hade alatan gemukna kurang.
Gemuk subsidi dikurangan, atuh gemuk non subsidi oge langka. Pelak jagong teu pati hade alatan gemukna kurang. /Didi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Parapatani Kabupaten Majalengka ngangluh lantaran teu bisa meli gemuk subsidi luyu jeung pangabutuh nu geus aya dina RDKK (Rencana Definitif Kebutuhan Kelompok) para patani dina ngokolakeun tatanena. Kiwari patani dibere gemuk subsidi ngan satengahna tina biasana.

Salasaurang patani warga Cicurug, Mulyana nyebutkeun gemuk orea tina sahektar nu kuduna 250 kilo ngan dibere 140 kilo. Gemuk NPk dibere 132 kilo. Jadi patani kudu meli gemuk anu teu disubsidi pamarentah anu hargana kawilang mahal.

Salian ti mahal, gemukna oge hese diteangan. “Rek ngaronjatkeun produksi pare kumaha gemuk nu disadiakeun teu nyumpona. Boro-boro gemuk subsidi, gemun non subsidi oge langka,” ceuk Mulyana.

Baca Juga: Pj Bupati Majalengka Silaturahmi jeung LSM. Aya Patalina jeung Pilpres?

Patani jagong jeung palawija oge sarua ngangluh ku diawetasanan meuli gemuk subsidi. “Tina sahektar, kabutuhan urea nu kuduna 300 kilo dibere satengahna, NPK ukur dibere 88 kilo,” ceuk Nana warga kecamatan Bantarujeg nu geus mangtaun taun melak jagong.

Taun ayeuna pamarentah memang netepkeun gemuk dikurangan satengahna tina pangabutuh keur tatanen. "Kuring kuciwa kana kawijakan pamarentan sakieu keur sagala werit hahargaan naek ngala duit hese. Katambah tatanen hese meuli gemuk , " ceuk Nana.*** Didi, Tang

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x