Pj Bupati Majalengka Nampa Parelean Dansatgas TMMD 119 Kodim 0617/Majalengka

- 21 Februari 2024, 12:00 WIB
Bupati Majalengka Dr. H. Dedi Supandi, S.Stp., M.Si, nampa paparan kasiapan TMMD ti Dandim 0617/Majalengka nu intina bakal jadi Dansatgas.
Bupati Majalengka Dr. H. Dedi Supandi, S.Stp., M.Si, nampa paparan kasiapan TMMD ti Dandim 0617/Majalengka nu intina bakal jadi Dansatgas. /Ayank/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Ngaoptimalisasikeun kagiatan Tentara Manunggal Membangun Desa (TMMD) reguler ka-119 Taun 2024 nu dilaksanakeun ti tanggal 20 Februari nepi ka 20 Maret 2024, Pj. Bupati Majalengka Dr. H. Dedi Supandi, S.Stp., M.Si, nampa paparan kasiapan TMMD ti Dandim 0617/Majalengka nu intina bakal jadi Dansatgas.

Eta kagiatan tempatna di Balai Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka, Salasa (20/2/2024).

Ngeunaan kasiapan, Pj Bupati Majalengka hayang nyaho sajauh mana kasiapan Dansatgas TMMD dina ngaujaninglakukeun rencana nu geus disusun, dina hal ieu TMMD bisa lumangsung lungsur- langsar, aman tur sukses.

Baca Juga: Pj Bupati Majalengka Kasemahan KIP Jabar, Ngaronjatkeun Literasi Digital

Rencana TMMD reguler ka-119 bakal digelar ku Kodim 0617/Majalengka, tujuan utama program TMMD: ngabantu pamarentah daerah dina percepatan pembangunan daerah nu masih katinggaleun pangwangunanana jeung daerah NU mencil.

TMMD dilaksanakeun di daerah pasisian, nu mencil jeung tacan maju. Dipilihna objek kagiatan nu dirasakeun mangpaat keur masarakat di daerah. Sangkan ngawujud karaharjaan jeung ketahanan wilayah.

Dina paparanana, Dandim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., netelakeun sasaran kagiatan fisik: pembukaan pembangunan jeung pangaspalan jalan sapanjang 3000 meter, nu ngahubungkeun Desa Sukamanah jeung Desa Wiranyana, Rutilahu, Rehab Madrasah, Pembangunan Poskamling, Pembangunan Bak Penampungan cai jeung plesterisasi jalan.

Kagiatan non-fisik TMMD di antarana, tata cara ngebon, tehnik pemeliharaan ternak, tehnik tatanen, penyuluhan kesehatan, penyuluhan hukum jeung kadarkum, penyuluhan hanneg, penyuluhan bencana alam jeung penyuluhan bahaya narkoba.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x