Pj Bupati Majalengka Kasemahan KIP Jabar, Ngaronjatkeun Literasi Digital

- 21 Februari 2024, 10:00 WIB
Pj Bupati Majalengka, kasemahan Komisi Informasi Publik (KIP) Provinsi Jawa Barat Salasa (20/02/2024).
Pj Bupati Majalengka, kasemahan Komisi Informasi Publik (KIP) Provinsi Jawa Barat Salasa (20/02/2024). /Ayank/galura.co.id


GALURA.CO.ID -Pj Bupati Majalengka, Dedi Supandi kasemahan Komisi Informasi Publik (KIP) Provinsi Jawa Barat. Dibageakeun di Rohangan Pendopo Bupati Majalengka, Salasa (20/02/2024). Nampa semah, Pj Bupati dibarengan ku dibarengan ku Kepala Diskominfo, H. Gatot Sulaeman,

Pj Bupati Majalengka nyebutkeun, keterbukaan informasi publik di Majalengka bakal terus dironjatkeun. Pemkab Majalengka hayang ngaronjatkeun literasi digital ku informasi minangka alatna ngaliwatan sababaraha platform digital saperti Mabar, Aplikasi layanan online, jeung sababaraha aplikasi layanan lianna.

"Good information, good decicion, good result. Rayat raharja eta langkung hade. Eta koncina, salasahijina teknologi informasi, nu ngaraketkeun pamarentah sareng masarakat," ceuk Pj Bupati Majalengka.

Baca Juga: Pj Bupati Majalengka Muka TMMD Ka-119 Taun 2024 di Desa Cipasung Lemahsugih

Ketua KIP Jawa Barat Ijang Faisal ngapresiasi PPID nu aya di Kabupaten Majalengka. Dumasar hasil monitoring jeung evaluasi (monev) KIP Jabar taun 2023, PPID Majalengka jadi PPID pamarentah nu mapag informatif kalayan peunteunna 80.

"Tina hasil monev simkuring meunteun Diskominfo Kabupaten Majalengka janten Pejabat Pengelola Informasi dan Dokumentasi (PPID) utama tos ngalaksanakeun tugasna ku nyiptakeun sababaraha inovasi keur mastikeun KIP dilaksanakeun sakumna SKPD," ceuk Ijang.

Kepala Diskominfo Kabupaten Majalengka netelakeun, nyemahna KIP Jawa Barat dina raraga ngamonitoring bruk-brakna informasi publik di Kabupaten Majalengka.

"Simkuring saparakanca minangka PPID Utama tos ngadugikeun presentasi ka Komisi Informasi Jawa Barat patalina sareng kawijakan, palaksanaan pelayanan informasi publik jeung strategi dina penerapan keterbukaan informasi publik di Kabupaten Majalengka," ceuk Gatot.

H. Gatot nyebutkeun, dina ngalaksanakeun tugas PPID Utama, Diskominfo dibantu ku PPID pelaksana nu aya di sakumna perangkat daerah tur kecamatan sarta badan publik lianna.
“Dina mere informasi publik, badan publik koordinasi jeung konsultasi patalina jeung informasi nu bakal dikaluarkeun,” pokna.*** Ayank R Sambara

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah