Pemkab Bandung Ngapungkeun Simantool ASN

- 30 Desember 2023, 07:27 WIB
Grand Launching dan Sosialisasi Simantool ASN di lingkungan Pemkab Bandung di Grand Sunshine Hotel, Soreang, Juma'ah, 29 Desember 2023.
Grand Launching dan Sosialisasi Simantool ASN di lingkungan Pemkab Bandung di Grand Sunshine Hotel, Soreang, Juma'ah, 29 Desember 2023. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bupati Bandung, Dadang Supriatna, ngapresiasi Badan Kepegawaian dan Pengembangan Sumber Daya Manusia (BKPSDM) Kabupaten Bandung nu nyieun Sistem Informasi Manajemen Talenta Pool (Simantool) sistem informasi manajemen talenta ASN di lingkungan Pemkab Bandung.

Bupati yakineun Simantool bisa ngabantu dina ngaidentifikasi, ngokolakeun, tur ngaoptimalkeun talenta ASN di Kabupaten Bandung.

Kituna tèh ditepikeun Dadang Supriatna waktu ngahadiran Grand Launching dan Sosialisasi Simantool ASN di lingkungan Pemkab Bandung di Grand Sunshine Hotel, Soreang, Juma'ah, 29 Desember 2023.

Baca Juga: Milad ka 48 Caleg DPR RI Sania Kado Alus Pikeun Perindo

"Simkuring nyurung BKPSDM sangkan saènggalna ngaakselerasi pangrarapan manajemen talenta padamel di lingkungan Pemkab Bandung dugi ka tiasa dilaksanakaleun efektifna dina taun 2024," ceuk Dadang Supriatna.

Ceuk Bupati Bandung, Kabupaten Bandung tèh, dina revolusi industri 4.0 kacida mangaruhan kana paningkatan ekspektasi masarakat kana kinerja birokrasi atawa dinamika kiwari.

Sistem merit tèh kawijakan manajemen ASN nu didasaran kana kualifikasi, kompetensi, jeung kinerja ASN sacara adil jeung wajar teu ngabèda-bèdakeun kasang tukang pendididkan jeung jenis kelamin.

"Saatos sistem merit diterapkeun dina 2024, nya saha waè ASN nu ngagaduhan kompetensi sareng kualifikasi manjing dicandak. Bawirasa ieu sistem nu sehat. Sadayana gaduh kasempetan nu sami, " ceuk Dadang Supriatna.

Baca Juga: Tilu Kajadian Nu Ngageunjleungkeun, Dina Taun 2023 di Kuningan

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah