Milad ka 48 Caleg DPR RI Sania Kado Alus Pikeun Perindo

- 30 Desember 2023, 06:23 WIB
Sania  (tengah-tebgah) keur motong tumpeng miladha  ka 48, disaksian  Ketua DPD Perindo Kabupaten Bandung Barat , Edi Mirwan (pang katuhuna).
Sania (tengah-tebgah) keur motong tumpeng miladha ka 48, disaksian Ketua DPD Perindo Kabupaten Bandung Barat , Edi Mirwan (pang katuhuna). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Sania, penyanyi nu kungsi nyongcolang ku genre musik R & B taun 90-an ngayakeun acara syukuran milad ke-48 taun di Rumah Sadoe Jalan Soreang- Ciwidey Kecamatan Soreang Kabupaten Bandung, Juma'ah 29 Desember 2023.

Sania alias Tuti Gareta, nu ayeuna mitembeyan ancrub ka dunya pulitik, ku aub dina Pemilu 14 Pebruari 2024 engke nyaleg keur DPR RI ti Partai Perindo wawakil Dapil Jabar 2, Kabupaten Bandung jeung Bandung Barat.

"Alhamdulillah dinten ieu istimewa, margi kaping digumelarkeun simkuring. Yuswa simkuring panceg 48 taun. Simkuring syukur masih kènèh dipaprin napas kahirupan, rizki nu barokah sareng sagala kasaèan ti Allah. Mugia Allah ngaijabah doa sareng cita-cita simkuring, " ceuk Sania dina lolongkrang acara.

Baca Juga: Kasang Tukang Muhaimin Jadi Balon Wapres Anies Kawas Cai Ngamalir

Sania miharep di taun 2024 dirina lolos ka Senayan dilantik jadi anggota DPR RI. Sania nganuhunkeun ka sakum nu ngarojongna.

Ketua DPD Partai Perindo nu ogè anggota DPRD Kabupaten Bandung Barat, Edi Mirwan ngawilujengkeun milad ka 48 ka Sania. 

Ceuk Edi, milad ka 48 Sania ngarupakeun kado alus jang Perindo, lantaran dina kasempeatan Pemilu 2024 Sania nyalonkeun jadi DPR RI .

"Kaleresan Sania ti kalangan intertain. Hartosna simkuring, Ketua DPD kabupaten Bandung Barat, ogè ngawakilan Ketua DPD Kabupaten Bandung ngaraos teu gaduh kaabot, kumargi Sania gampil diical ka masarakat, tos gaduh modal dasar ti entertain, " ceuk Edi.

Kado alus nurutkeun Edi, lantaran salila ieu Partai Perindo geus sakali milu Pemilu taun 2019 tapi can boga calon legislatif nu potensial.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah