Tilu Kajadian Nu Ngageunjleungkeun, Dina Taun 2023 di Kuningan

- 29 Desember 2023, 18:34 WIB
Kapolres Kuningan, AKBP Willy Andrian (katilu kenca), mere katerangan ka para wartawan, dina acara Rillis Akhir Tahun 2023, di Mapolres Kuningan, Jumaah, (29/12/2023)*
Kapolres Kuningan, AKBP Willy Andrian (katilu kenca), mere katerangan ka para wartawan, dina acara Rillis Akhir Tahun 2023, di Mapolres Kuningan, Jumaah, (29/12/2023)* /Ajun Mahrudin/

GALURA-Aya tilu kajadian anu matak ngageunjleungkeun, dina taun 2023,  di wewengkon Kabupaten Kuningan. Dumasar catetan Kepolisian Resor (Polres) Kuningan kaasup kasus pangluhurna.

Eta nyatana, kasus pembunuhan di  wewengkon Kecamatan Kuningan, penganiyaan santri di salah sahiji pondok pesantren wewengkon Kecamatan Jalaksana, jeung kekerasan anak di wewengkon Kecamatan Darma.

Kapolres Kuningan, Ajun Komisaris Besar Polisi (AKBP) Willy,, nyebutkeun kajadian pembunuhan di wewengkon Kecamatan Kuningan, Warga inisial AR (22) tega mateni AT (60), lantaran ngarasanyeri hate ku ucapan AT. AR jeung AT, masih keneh aya patali kulawarga.


Satuluyna, kajadian anu dilakonan ku 18 santri salah sahiji pondok pesantren kamashur, di wewengkon Jalaksana., anu geus ngabalukarkeun M (18) tilar dunya. M teh babaturan 18 santri di eta ponpes.


Sajaba eta, kajadian anu dilakonan ku TW (47), salasaurang warga di wewengkon Kecamatan Darma, nyiksa anakna AZ (10).

Ari anu jadi kasangtukangna, ambek anu kaleuleuwihi pedah anakna kabejakeun nyokot duit milik tatanggana DM.


“Modusna palaku ambek sareng emosi, lantaran AZ diduga nyandak artos tatanggana,” ceuk Willy, basa acara Rillis Akhir Tahun 2023, di Mapolres Kuningan, Jumaah, (29/12/2023).

 

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah