Tradisi Siraman Pulisi Nu Naek Pangkat, Kapolres Kuningan : Tembongkeun Profesi Nu Leuwih Hade

- 2 Januari 2024, 18:38 WIB
Kapolres Kuningan, AKBP Willy Andrian ngabanjurkeun cai ka salasaurang pulisi anu naek pangkat
Kapolres Kuningan, AKBP Willy Andrian ngabanjurkeun cai ka salasaurang pulisi anu naek pangkat /Dok Polres Kuningan/

GALURA-Keur di lingkungan Polri jeung TNI, kawasna geus hamo bireuk deui anu disebut prosesi upacara siraman teh.

Samalah, prosesi siraman geus jadi tradisi dina acara kenaikan pangkat pulisi di sababaraha daerah.

Kawas dina kenaikan pangkat 62 pulisi di Polres Kuningan dina Poe Salasa, 2 Januari 2024.

Sakur pulisi anu naek pangkat teh disimbeuh. Kabehna mah pulisi anu naek pangkat teh aya 65 urang.

 Ngawengku saurang pulisi pangkat AKP  naek pangkat jadi kompol,  10 tina pangkatna IPTU jadi AKP,  8 AIPDA jadi AIPTU, 2 Bripka jadi Aipda, 5 Brigpol  jadi Bripka jeung 28 Briptu jadi Brigpol.


Tradisi kawas kitu teh, ngandung falasipah anu luhung saupama diguar. Siloka pikeun ngalakonan pancen, dina kaayaan tiis pikir.

Willy nyebutkeun, naek pangkat wujud pangajen tina proses jeung katangtuan anu lumaku.

Eta hal diharepkeun bisa ngadeudeul dina ngalakonan pancen pulisi minangka pangayom, panyalindungan Jeung palayan masarakat.

“Mingkin luhur pangkat, diharepkan mampuh nembongkeun profesionalisme anu leuwih hade,”pokna.***

 

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah