Mie Gacoan di Majalengka Didareugdeug ku Warga

- 7 Juni 2024, 19:00 WIB
Pj Bupati Majalengka ngagunting pita dibukana Mie Gacoan di Kota Majalengka (06/06/2024).
Pj Bupati Majalengka ngagunting pita dibukana Mie Gacoan di Kota Majalengka (06/06/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bewara ngagumbirakeun keur urang Majalengka nu mikaresep mie lada. Restoran Mie Gacoan geus muka cabangna  di Jalan KH Abdul Halim Kelurahan Majalengka Kulon, Kecamatan Majalengka, Kabupaten Majalengka. Grand Openingna, Kemis (06/06/2024).

Grand Opening Mie Gacoan diluuhan ku Pj Bupati Majalengka, Dandim 0617/Majalengka, Kapolsek Majalengka, Kasatpol PP Majalengka, Kepala DPMST jeung Humas Mie Gacoan Cababang Majalengka.

Dandim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, ngapresiasi dibuka cabangna Mie Gacoan nu tangtuna muka lapangan pagawean keur masarakat.

Masih ceuk Dandim, pamugi ieu tempat kuliner  bisa mere kontribusi positif pikeun masarakat jeung bisa ngarojong tumuwuhna UMKM Majalengka.

"Sanes eta wae, ku ayana Mie Gacoan  nambihan destinasi kuliner anu aya di Majalengka. Anu dipiharep satuluyna bisa kolaborasi jeung produk UMKM di Majalengka,” ceuk Letkol Inf Dudy Pilianto.

Mie Gacoan teh restoran mie kakoncara asal Malang anu diadegeun mimiti ti taun 2016 di Malang, Jawa Timur.

Panasaran ku menu, harga jeung lokasi Mie Gacoan anu aya di Kabupaten Majalengka? Menu-menu anu ditawarkeun di ieu resto mibanda sensasi lada anu beda.

Salian mie anu jadi menu andelan, oge disadiakeun siomay, udang rambutan, udang keju, lumpia udang jeung pangsit goreng.

Inumanana es gobak sodor, es teklek, sluku bathok, es petak umpet, air mineral, lemon tea jeung sajabana.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah