Mie Gacoan di Majalengka Didareugdeug ku Warga

- 7 Juni 2024, 19:00 WIB
Pj Bupati Majalengka ngagunting pita dibukana Mie Gacoan di Kota Majalengka (06/06/2024).
Pj Bupati Majalengka ngagunting pita dibukana Mie Gacoan di Kota Majalengka (06/06/2024). /Ayank/galura.co.id

Mie Gacoan geus kawentar  restoran mie lada dipikaresep ku budak ngora.

Sensasi pedas ti menu-menu anu ditawarkeun jadi daya irut dirangan pikeun sakumna pecinta pedas. Andini (17), ngaku  dirina datang ka resto Mie Gacoan lantaran panasaran ku rasa.

“Saleresna langkung ka panasaran, teras menu-menuna eta memang tos seueur pisan, margi kantos nyobian di luar Majalengka oge memang raos anu tangtosna pas di kantong,” ceuk Andini, Kemis, (6/6/24).

Areal Legal Manager Mie Gacoan Jawa Barat, Muhamad Irfan Kasuma nyebutkeu  Mie Gacoan i geus sumebar di Indonesia sarta masih terus dimekarkeun.

Inyana netelakeun leuwih ti 70 persen karyawanna asalna ti Majalengka. Inyana ngahatur nuhunkeun ka masarakat jeung pamarentahan Majalengka anu geus ngarojong dibukana Mie Gacoan di Kabupaten anu kawentar ku julukan "Kota Angin" .*** Ayank R Sambara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah