Nyangku, Bupati Ciamis Miharep Bisa Leuwih Ngirut Wisatawan Lokal jeung Mancanagara

- 10 Oktober 2023, 16:00 WIB
Nyangku, prosesi ngumbah barang pusaka di Panjalu (09/10/2023) nu ku Bupati Ciamis dipiharep ngirut wisatawan lokal jeung mancanagara.
Nyangku, prosesi ngumbah barang pusaka di Panjalu (09/10/2023) nu ku Bupati Ciamis dipiharep ngirut wisatawan lokal jeung mancanagara. /Jarkasih/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Potensi wisata di Panjalu Kabupaten Ciamis dipiharep bisa leuwih ngirut kunjungan wisatawan nasional jeung internasional. Kitu nu diucapkeun ku Bupati Ciamis Herdiat Sunarya waktu biantara dina Nyangku anu dilaksanakeun di lapangan Borosngora Panjalu, Senen 9 oktober 2023.

Nyangku teh prosesi ngumbah jeung ngaberesihkeun banda pusaka titinggal Raja Panjalu Sanghyang Borosngora nu digelar sataun sakali dina bulan Robiul Awal arawa bulan Mulud.

Tradisi Nyangku teh warisan luluhur Panjalu anu tepi ka kiwari terus di dilaksanakeun. “Nyangku teh potensi anu kawilang gede mangpaatna keur urang Panjalu. Alhamdulilah Kabupaten Ciamis loba warisan budaya anu jumlahna rebuan situs,” ceuk Bupati Ciamis.

Baca Juga: Peuyeum Kroto ti Ciluncat Ciamis, Dijieunna Teu Sagawayah, Tilu Poe Samemeh Jumaah Kaliwon

Bupati Ciamis miharep, sagala potensi anu aya di Panjalu kudu bisa ngangkat kana kamajuan ekonomi masarakat hususna di Kecamatan Panjalu. “Ieu potensi kudu dimangfaatkeun keur sumber kahirupan masyarakat,” pokna.

Nyangku teh prosesi ngarumat banda-banda pusaka anu salila ieu di simpen di Musium Alit. Banda pusakana teh titinggal Karajaan Panjalu. Banda pusaka diarak ka Nusa Gede Situ Lengkong, ti dinya dibawa deui ka Alun-Alun Panjalu.

Di papanggungan nu ngahajad djieun, barang pusaka dikumbah jeung diberesihan ku kulawarga rundayan raja-raja Panjalu. Diberesihanana ku cai kahuripan kalayan dicampuran ku kekembangan jeung seuseungitan Disaksian langsung ku masarakat.*** Jarkasih

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah