GALURA.CO.ID -Kampung Mahmud nu pernahna di wewengkon Kabupaten Bandung salahsahiji kampung adat di Jawa Barat. Baheula loba bisa pantrangan nu teu meunang dirempak, di antarana teu meunang ngadegkeun imah tembok. Ayeuna eta pantrangan dirarempak.
Modernisasi memang teu bisa dipendet, najan aya pantrangan, pamali jeung sajabana. Komo deui pantrangan adat tèh lain aturan nu ditulis, cacak nu aya guratna ogè sok dirarumpak. Hal ieu kajadian di Kampung Adat Mahmud, nu perenahna di Desa Mekarrahayu, Kecamatan Margaasih, Kabupaten Bandung.
Welasan taun ka tukang, imah panggung bilik awi masih kènèh rajeg di Kampung Mahmud nu sacara pamarentahan di RW 04. Warga ngarasa sieun ngarumpak pantrangan nu dicekel ku kokolot baheula di dinya. Ngan, laun-laun imah panggung robah jadi imah kontruksi tembok. Kiwari ukur sababaraha hiji imah panggung bilik awi.
Diaku ku sesepuh adat Kampung Mahmud, H. Uron, 64 taun, najan teu apal persisna kari sabaraha hiji imah panggung. Tina 400 umpi, ayeuna imah warga lolobana mah geus dirobah kontruksina ku tembok. Geus henteu panggung deui. Teu kawas baheula, lolobana imahna teh panggung, najan sabudeureunana imah tembok oge.
“Teu aya panyaram tinulis sareng teu aya sanksi pikeun nu ngarumpakna. Ieu ukur ngarumpak tradisi kokolot kapungkur wè. Panginten sanksina ukur akibat wè. Sabab kitu, akibatna kieu. Nya duka badè kumaha akibatna,” ceuk H. Uron basa dianjangan di Kampung Mahmud sawatara waktu kaliwat.
Tina obrolan jeung H. Uron, kaungkab tradisi imah panggung bilik tèh filosofi kahirupan nu ngagambarkeun kabasajanan, ngalèsotkeun urusan duniawi pikeun leuwih ngutamakeun katauhidan, pikeun ngudag kahirupan aherat. Ieu nu diagem ku nu ngadegkeun Kampung Mahmud, Eyang Dalem Haji Abdul Manaf.
Salian ti èta, imah bilik panggung ngarupakeun simbol kateusapamadegan sikep Eyang Abdul Manaf jeung bangsa kolonial Walanda dina waktu harita nu resep kamewahan. Teu ukur pantrangan imah panggung, di Kampug Mahmud ogè aya pantrangan: teu meunang ngingu soang jeung nabeuh goong atawa gambelan.