Kecap Bilangan dina Bahasa Sunda Aya nu Mibanda Istilah Husus

- 15 November 2023, 18:00 WIB
Buku pelajaran bahasa Sunda. DIna bahasa Sunda aya istilah husus keur sababaraha bilangan.
Buku pelajaran bahasa Sunda. DIna bahasa Sunda aya istilah husus keur sababaraha bilangan. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID –Bilangan dina bahasa Sunda, teu beda jeung umumna masarakat dunia dina hirup kumbuh sapopoe, ngagunakeun angka 0 tepi ka 9.

Kecap angka asalna tina basa Sansakerta nu hartina tanda bilangan. Di Sunda oge angka ngandung harti peunteun rapor, contona: Si Bedegong jadi juara umum di sakola, lantaran angka-angka dina laporna pangalusna.

Tepi abad pertengahan, di Eropah ngagunakeun angka Romawi nu mibanda tujuh tanda keur lambang angka: I, V, X, L, C, D, jeun M: I = 1; V = 5; X = 10; L = 50; C = 100; D = 500, jeung; M = 1000.

Baca Juga: Ketua Komisi C DPRD Kabupaten Bandung, Yanto, Masualkeun Anggaran Badag keur Ngokolakeun Runta

Angka nu ku urang dipake ayeuna simbol nu digunakeun ku para ahli matematika India taun 200 SM. Ari angka 0 (enol) geus digunakeun ku bangsa Babylon taun 700 SM. Ngan harita digunakeunana angka 0 tacan saperti ayeuna.

Anu ngoreh jeung kumaha ngagunakeun angka 0 teh Al-Kawarizmi, ilmuwan muslim. Dina karyana nu judulna: Al-Jabr wa al-Muqbala, Al-Kawarizmi ngawanohkeun angka 0 jeung naon gunana dina itungan matematika modern.

Ku angka 0, teknologi maju pesat. Ari angka Romawi mah henteu mikawanoh angka 0. Ti harita angka Romawi henteu dipake deui dina kahirupan sapopoe. Angka Romawi digunakeunana ngawates pisan, dina kahirupan sapopoe meh henteu dipake.

Dina bahasa Sunda aya kecap-kecap bilangan husus, ngan ieu oge aya pangaruh tina bahasa Jawa. Upamana wae istilah bilangan antara 21 tepi ka 29 make kecap likur. Salikur ngandung harti 21, dualikur = 21, jeung saterusna.

Di handap ieu kecap-kecap bilangan dina bahasa Sunda

  • Salosin: dua welas (12)
  • Sakodi: dua puluh (20)
  • Salikur: dua puluh hiji (21)
  • Dualikur: dua puluh dua (22)
  • Tilulikur: dua puluh tilu (23)
  • Opatlikur: dua puluh opat (24)
  • Limalikur: dua puluh lima (25)
  • Geneplikur: dua puluh genep (26)
  • Tujulikur: dua puluh tujuh (27)
  • Dalapanlikur: dua puluh dalapan (28)
  • Salapanlikur: dua puluh salapan (29)
  • Salawe: dua puluh lima (25)
  • Saraju: opat puluh (40), biasana dipake bilangan lauk
  • Sawidak: genep puluh (60)
  • Sagros: saratus opat puluh opat (144)
  • Salaksa: sapuluh rebu (10.000)
  • Saketi: saratus rebu (100.000)

Kecap "sa" dina salawe,  hartina hiji, bisa diganti ku kecap bilangan sejenna. Lawe biasana dipake keur  harga hiji barang. Upamana: Bareto mah harga baso samangkok teh ukur salawe (Rp25).

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah