Pangna Gamelan Sekatén Cirebon  Ditabeuhna Sataun Dua Kali

- 21 November 2023, 14:17 WIB
Gamelan Sekaten ditabeuh  di Siti Hinggil  Bangsal Sekaten, Keraton Kanoman Kota Cirebon, dina bulan Mulud sawatara waktu ka tukang.
Gamelan Sekaten ditabeuh di Siti Hinggil Bangsal Sekaten, Keraton Kanoman Kota Cirebon, dina bulan Mulud sawatara waktu ka tukang. /

Masing geus ratusan taun,  ku lantaran dirawat téa, atuh waditra gamelan masih jejeg kénéh. Di antarana aya kening, panser, panerus, bonang leutik, bonang badag, gender, kénong, goong runtus, gambang, kempul, kendang, jeung nu séjénna.

Pon kitu deui kai ukir pikeun nande gamelan gé masih tulén kénéh, tacan raruksak. Ngan pédah nu sok mindeng diganti téh kulit kendang jeung panakol gamelan.

Lamun Gamelan Sekaten ditabeuh di  panggung babancong hareupeun karaton téh sorana  kadéngé ka sabudereun karaton. Padahal teu maké pengeras suara.

Masarakat Cirebon sok gumeter, jeung ngangres mun ngarungu sora Gamelan Sekatén disada téh. Cenah sok inget kana perjoangan parawaliyullah dina raraga merjoangkeun agama Islam.

Pangna disebut Gamnelan Sekaten téh, apanan ieu gamelan gedé jasana asana dina masieup dawah ngislamkeun masarakat Jawa harita. Ka anu harayang ngarungu gamelan, kudu maca dua kalimah Syahadat heula.

Gamelan Sekaten kaceluk bibitna gamelan nu aya di Jawa. Cenah gamelan Sunda, Jawa, jeung gamelan ti séké-sélér séjénna, sumberna téh Gamelan Sekatén téa.

Baréto mah di Karaton Cirebon loba seniman diajar narabeuh. Cenah nu kungsi diajar di dinya sok jaradi dalang atawa seniman daerah nu masagi.***

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah