Pamali Nanggap Kesenian nu Medar lalakon Budaya Cariu di Sukadana Kabupaten Ciamis

- 9 Januari 2024, 14:00 WIB
Kampung Ciparay, Desa Ciparigi, Kecamatan Sukadana, Kabupaten Ciamis, salasahiji wewengkon budaya cariu nu pantrang nanggap wayang.
Kampung Ciparay, Desa Ciparigi, Kecamatan Sukadana, Kabupaten Ciamis, salasahiji wewengkon budaya cariu nu pantrang nanggap wayang. /Nanang S/galura.co.id

Pantrang nanggap wayang

Tina kituna kasang tukang di wilayah budaya Cariu ka­wasna pantrang nanggap wa­yang lain pedah bisi Prabu Sir­naraha kasigeng. Caritana kieu: sabada meunang kidang ti Gunung Cariu, Prabu Sir­naraja jeung rombonganana reureuh di Pasir Pantun nu ayeuna asup ka Kampung Sa­legok, Desa Ciparigi.

Di Pasir Pantun ngahaja di­jieun pasanggrahan keur  Prabu Sirnaraja. Bari nungguan daging kidang asak, Pra­bu Sirnaraja dihibur ku page­la­ran  pantun  sarta juru pantunna Eyang Wijayakusumah nu dijulukan Aki Pantun. Pan­tun sakumaha ceuk naskah Siksa Kandang Karesian geus aya ti jaman Pajajaran.

Aki Pantun mantunna dina batu nu ayeuna disebut Batu Kacapi. Waktu keur pagelaran pantun, kajadian musibah alam, korbanna rea, kaasup Aki Pantun, tilar, sarta dima­kamkeun di ponclot Pasir Pan­tun. Ari Prabu Sirnaraja mah salamet. Memeh mulang ka Ra­jadesa, Prabu Sirnaraja kedal ucap nu tepi ka kiwari dijadikeun pantrangan.

Pantrangan nu tepi ka danget ieu dicekel pageuh ku ma­sarakat nu dumuk di wila­yah budaya Cariu teh: teu meunang ngadahar daging kidang jeung teu meunang magelar­keun kasenian nu ngala­lakon atawa nu medar carita. Ka­se­ni­an nu aya lalakonna teh, salian ti pantun, di antarana wayang golek, jeung sandiwara.

Pantrangan-pantrangan tadi teh ceuk Prabu Sirnaraja cara ciri urang. Lila ti lila cara ciri urang disingget jadi Cariu sarta dijadikeun ngaran tempat. Ku sabab beh dieu kasenian nu midangkeun lalakon nu pang­polerna mah wayang, ka­asup wayang golek, nya di ka­wasan  bu­daya Cariu aya pan­trangan nanggap wayang golek.***

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah