Baca Juga: Bupati Bandung Ngawanohkeun Seni Badawang jeung Wayang Golek di PWI Pusat
Béda deui Amang Hasan mah. Panasaran, panénjona nuturkeun nu tutunjuk. Rét ka lebah suku Aki Sadun nu diukna sila tutug. Sampingna nyinglid. Ari kolor sontog nu tadi nyampay dina taktak murag. Ngalumbuk kadiukan. Amang Hasan kabawakeun seuri keom bari jeung parada kituna, najan lain kaalaman ku dirina.
“Paingan jelema tingcalengir. Da éta bobogaan Si Aki ngaburahol,”Amang Hasan gogodeg. Kumaha ngabéjaanana, sangkan tong sila tutug jeung samping ulah nyéngléd. Manggih wé akal. Tas ngabiskalan “Kangjeng Raja pok ngandika”,nu terus dibelukkeun ku Aki Sadun, Amang Hasan ngaharéwos “Éta aya nu ngaburahol”.
Samaruk Aki Sadun “éta aya nu ngaburahol” téh biskalan, nu kudu dibelukan deui ku dirina, teu engeuh kana maksud Amang Hasan nu ngabejaan boboganana milu masamoan. Atuh tas ngabelukkeun “Kangjeng raja pok ngandika” langsung baé ku Aki Sadun dibelukkeun: “Éta aya nu ngabu.....bu...bu...ra...ra...ra...ho...hol...hooool !”
Ger atuh nu ngadéngékeun surak bari tingbarakatak, pating arakey seuri, mani aya ciramba cimata sagala, kituna bari tutunjuk ka lebah Aki Sadun. Amang Hasan oge ukur bisa nyengkek seuri. Ari Aki Sadun mah bungah amarwatasuta, sabab saumur hirup beluk jeung ngawawacan, kakarék aya nu surak samodél kitu.
Tembang surupan luhur
Tepi taun 1990-an di sawatara wewengkon masih kapireng, masih kajeueung aya pidangan seni beluk, dina mangsa kiwari seni beluk masih di sababaraha wewengkon masih hirup ngan teu hurip, alatan éta kasenian arang ditanggap. Mangsa bihari jeung kamari seni beluk sok ditanggap dina acara sukuran anu orokan.
Ilaharna waktu orok umur opat puluh poé. Di sababaraha wewengkon mah nu hajat sunatan oge sok nanggap beluk. Dipidangkeunna di tengah imah anu boga hajat, ngampar, kawas nanggap pantun, nu lalajona sarila mun lalaki, awewe mah emok. Aya ogé anu dipidangkeun di panggung, dina balandongan.
Beluk teh seni sora, midangkeunana kawas tembang Sunda, atawa mamaos: haleuang anu teu kauger ku wiletan, rumpakana maké padika pupuh. Nu matak dina beluk, juru belukna sok nembangkeun wawacan: carita dina bentuk pupuh; asmarandana, dangdanggula jeung sajabana.
Aya sababaraha pamanggih para inohong karawitan ngeunaan beluk. Ceuk Enip Sukanda suwargi beluk asal kecap tina meluk: ngahaleuang kalawan surupanna luhur, sarta maké reureueus (ornamén) anu ngaleu. Atik Sopandi nétélakeun beluk pidangan seni sora anu merdika, sumber rumpakana nyoko kana pupuh.
Dina ensiklopédia Sunda, nu disebut seni beluk teh seni sora dina wangun tembang atawa mamaos, anu maké surupan luhur. Sawirahma jeung éta, istilah beluk ceuk Kamus Umum Basa Sunda amu dipedalkeun ku LBSS: tembang buhun, anu leuwih ngutamakeun tarik jeung ngaleuna sora.