Polres Majalengka Nyiapkeun 445 Personil jeung 15 Pos Pengamanan keur Idul Fitri 1445 H

- 3 April 2024, 16:30 WIB
Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR (tengah).
Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR (tengah). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Antisipasi lonjakan arus mudik jeung arus balik Idul Fitri 1445 H, Polres Majalengka Polda Jabar nyiapkeun lengkah-lengkah pangamanan anu asak. Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR., ngabewarakeun sajumlah 445 personil bakal dikeprik ka sababaraha titik strategis, sarta diadegkeun 15 Pos Pam jeung Pos Yan di wilayah hukum Polres Majalengka.

Ceuk Kapolres Indra Novianto, personil akal disebar di sababaraha pos, kaasup Pos Pam, Pos Yan, Pos Gatur, jeung Pos Pam Wisata. "Polres Majalengka tos nempatkeun personil di titik-titik rawan kamacetan sareng titik-titik kaluar asup jalan tol supados lalu lintas lancar," ceuk Kapolres, Rebo (03/04/2024).

Pos Yan bakal ditempatkeun di sababaraha titik strategis, kaasup di KM 152, KM 166, jeung KM 164, di dieu patepungna Tol Cisumdawu jeung Tol Cipali.
"Anu diprioritaskeun lokasi-lokasi anu mindeng macet supados tiasa gancang diungkulan," ceuk AKBP Indra Novinto.

Baca Juga: Warga Ngadeugdeug Bazar Murah Kodim 0617/Majalengka Ngabageakeun Hari Raya Idul Fitri 1445 H

Salian eta, Kapolres Indra Novianto oge netelakeun pamarentah satempat bakal nyadiakeun sistem One Way di sababaraha jalur keur ngatur aliran kandaraan. "Tangtos koordinasi sareng pihak sanesna kangge nangtoskeun arus lalu lintas tetep lancar," ceuk Kapolres.

Dina pengamanan Idul Fitri taun ieu, Polres Majalengka oge siap ngungkulan lonjakan wisatawan di tempat wisata kalayan ngadegeun Pos Pam Wisata.

"Hoyong ditangtoskeun kaamanan sareng kaluguinaan masarakat anu nganjang ka tempat-tempat wisata di wilayah Majalengka," ceuk Kapolres Indra Novianto.

Ku ayana lengkah-lengkah pengamanan anu geus disiapkeun, Polres Majalengka miharep sangkan Idul Fitri taun ieu bisa lumangsung kalayan aman, lancar, tur tartib. Masarakat dielingan ngestokeun aturan lalu lintas sarta rempug gawe jeung patugas kapulisian keur kasalametan sarerea.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x