Uding Solehudin, S.Sos: Lebaran Ngandung Dua Ajen, Idul Fitri jeung Halal Bilhalal

- 21 April 2023, 10:08 WIB
Khotib Solat Id 1444 H di SMK Muhammadiyah Kawali Uding Solihudin, S.Sos  ngaguar ma’na Lebaran nu ngandung dua hal, Idul Fitri jeung Halal Bilhalal (21/04/2023).
Khotib Solat Id 1444 H di SMK Muhammadiyah Kawali Uding Solihudin, S.Sos ngaguar ma’na Lebaran nu ngandung dua hal, Idul Fitri jeung Halal Bilhalal (21/04/2023). /Nanang S/Galura

GALURA -Solat Id 1444 H di SMK Muhammadiyah Kawali, di Jalan Poronggol Raya Kawali, Kabupaten Ciamis, imamna: Ustadz Anwar Muttaqin, A.Md.Kom. Ari khotibna Uding Solihudin, S.Sos nu ngaguar ma’na Lebaran nu ngandung dua hal, Idul Fitri jeung Halal Bil Halal.

Ramadhan teh, ceuk Uding, bulan atikan: atikeun keur ngaronjatken kaimanan jeung katakwaan kalayan harepan darajat urang leuwih undak batan samemehna. “Lian ti sangkan urang jadi deui suci, kawas orok nu karek dilahirkeun, Idul Fitri,” pokna.

Salila bulan Ramadhan urang solat tarawih, tadarus, 10 poe ka tereh rengsena bulan Ramadhan, itikaf di masjid. Lian ti oge ngajalankeun amalan-amalan sejenna, saperti sodakoh jeung nembongkeun perhatianana ka sasama sangkan urang teh jadi deui suci (Idul Fitri).

Baca Juga: Solat Id, Jumaah, 21 April 2023, di SMK Muhammadiyah Kawali Kabupaten Ciamis, Lain ukur Anggota Muhammadiyah

Atuh urang oge teu reureuh menta pangampura ka Alloh SWT tina sagala dosa nu geus dipilampah boh nu ngahaja boh nu teu dihaja. “Ganjaran puasa teu kawatesan, ngan anging Alloh SWT nu unangi kumaha ganjaran puasa keur urang teh,” ceuk Uding.

Najan urang dina bulan Ramadhan getol ngajalankeun amalan-amalan, sarengsena bulan Ramadhan ulah euphoria. Ulah gumbira teuing. Naha? “Dosa ka sasama kudu dilubarkeun deui, nu matak di urang aya Halal Bil Balal, menta dihampura ka sasama,” ceuk Uding.

Simbul Halal Bil Halal teh sasalaman nu udaganana menta dihampur ka sasama. Paswordna: Minal Minal Aidin wal Faidzin (golongan jalma-jalma nu balik deui kana kasucian jeung golongan nu meunang kaunggulan).

“Enterna: Taqabbalallahu Minna wa Minkum, mudah-mudaahan Allah narima amal ibadah urang sarerea. Jadi dina halal bilhalal esensina mah ibadah,” ceuk Uding.

Baca Juga: Lokasi Salat Id di Kota Bandung Poé Ieu, 21 April 2023

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x