Di Bulan Suci Ramadhan, PWI Kabupaten Bandung Babagi Kadaharan keur Buka, Waragadna Sumbangan ti Donatur

- 8 April 2023, 21:45 WIB
PWI Kabupaten Bandung di Bulan Suci Ramadhan ngabagikeun ratusan  nasi kotak  keur buka puasa.
PWI Kabupaten Bandung di Bulan Suci Ramadhan ngabagikeun ratusan nasi kotak keur buka puasa. /Sopandi/Galura

GALURA- Make waragad ti donatur, PWI Kabupaten Bandung di Bulan Suci Ramadhan ngabagikeun ratusan nasi kotak ka ojeg onlin, pangamen jeung ka nu lalarliwat di parapatan Soreang - Al-Fathu, hareupeun lawang Kompelk Pemda Bandung, Juma'ah (07/04/2023).

Ketua PWI Kabupaten Bandung Rahmat Sudarmaji nètèlakeun, babagi keur buka di Bulan Suci Ramadhan nu waragadna ti donatur luyu jeung pituduh PWI Jabar, sangkan dina Bulan Suci Ramadhan PWI kabupaten jeung kota di Jawa Barat ngabagikeun keur buka. Ngan PWI Jawa Barat teu nyadiakeun waragadna.

"PWI Kabupaten Bandung dina Bulan Suci Ramadhan maneuh ngabagikeun kadaharan keur buka,” pokna. Taun PWI mèrè santunan ka 150 yatim piatu tanggal 2 April 2023 di Pesantren Hidayatul Hikmah di Desa Gajahmekar, Kecamatan Kutawaringin Kabupaten Bandung.

Baca Juga: Naha Mampuh Piala Dunia U-20 Nguniangkeun UMKM Kabupaten Bandung? Poe Ieu Gunem Caturna di Sekretariat PWI

Rahmat ngahaturnununkeun ka para donatur nu mere sumbangan ka PWI Kabupaten keur kagiatan ngabagikeun kadaharan keur buka. "Hatur nuhun pisan,” pokna. Rahmat oge nganuhukeun ka panitia jeung anggota PWI Kabupaten Bandung nu ancrub dina ngabagikeun kadaharan keur buka. *** Sopandi

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x