HPN 2023 PWI Perwakilan Kabupaten Ciamis, Wakil Bupati Ciamis: Kabeh Bisa Jadi Wartawan

- 15 Februari 2023, 13:30 WIB
Wakil Bupati, Kapolres, Dandim Ciamis, Ketua PWI Perwakilan Ciamis, Kajari Ciamis dipoto bareng jeung yatim piatu dina acara HPN 2023 nu digelar ku PWI Perwakilan Kabupaten Ciamis.*
Wakil Bupati, Kapolres, Dandim Ciamis, Ketua PWI Perwakilan Ciamis, Kajari Ciamis dipoto bareng jeung yatim piatu dina acara HPN 2023 nu digelar ku PWI Perwakilan Kabupaten Ciamis.* /

GALURA -PWI Perwakilan Kabupaten Ciamis ngagelar pangeling-ngeling HPN 2023 di Aula BKPSDM Ciamis (13/02/2023). Diluuhan ku Wakil Bupati Ciamis Yana D Putra jeung ku unsur Forkopinda, para kepala SKPD  jeung OKP sakabupaten Ciamis.

Dina ieu acara HPN 2023 nu digelar ku PWI Perwakilan Kabupaten Ciamis, Wakil Bupati Ciamis  miharep pers di Kabupaten Ciamis leuwih maju dina ngajalankeun fungsina jeung peranna. “Di Ciamis pers kudu leuwih hade leuwih profesional,” pokna.

Wakil Bupati Ciamis waktu biantara dina HPN 2023 nu diayakeun ku PWI Perwakilan Kabupaten Cimais nyebutkeun dina jaman digitalisasi saperti kiwari, kabeh jalma bisa jadi wartawan, saha wae bisa nulis warta, ngashare warta tanpa diredaksian.

Baca Juga: Dipingpin Kapolres Majalengkla, Rapat Koordinasi Mapag Pemilu 2024, sangkan Luber Jurdil

“Tina kituna gede kamungkinan mucunghul berita hoax. Ditambah deui ku kurangna literasi masarakat jeung kurang pahamna dina ngamanaan  hiji berita, matak mawa pangaruh nu teu hade,” ceuk Yana.

Yana netelakeun pamarentah Kabupaten Ciamis, lebah dieu Diskominfo Kabupaten Ciamis, bakal narekahan ngaedukasi ka masyarakat dina pamahaman mana warta nu bener nu luyu jeung kaidah jurnalistik jeung mana warta nu teu asup kana jurnalistik.

“Upamana ngatik masarakat nyieun video hiji kajadian nu disebarkeun dina medsos, kudu puguh iraha waktuna, kajadianana kumaha, jeung saha sumberna,” ceuk Yana.

Ketua PWI Perwakilan Kabupaten Ciamis, Subagya Hamara, SH, nandeskeun kabebasan pers lain boga harti sabebas-bebasna tapi bebas luyu jeung aturan, lebah dieu luyu jeung UU Pers katu kode etik jurnalistik.

“Anu kudu diperhatikeun: bebaskeun pers jadi kotrol sosial sabab kontrol sosial  teh salasahiji fungsi pers,” pokna.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x