Dipingpin Kapolres Majalengkla, Rapat Koordinasi Mapag Pemilu 2024, sangkan Luber Jurdil

- 15 Februari 2023, 12:48 WIB
Rapat Kordinasi (rakor)  mapag Pemilu 2024jeung sakumna dinas nu aya di Kabupaten Majalengka, tempatna di Aula Sindangkasih Polres Majalengka, Salasa (14/02/2023).
Rapat Kordinasi (rakor) mapag Pemilu 2024jeung sakumna dinas nu aya di Kabupaten Majalengka, tempatna di Aula Sindangkasih Polres Majalengka, Salasa (14/02/2023). /

GALURA- Nyanghareupan Pemilu 2024 di wilayah Kabupaten Majalengka, Kapolres Majalengka AKBP Edwin Affandi mingpin langsung rapat Kordinasi (rakor) jeung sakumna dinas nu aya di Kabupaten Majalengka, tempatna di Aula Sindangkasih Polres Majalengka, Salasa (14/02/2023).

Anu miluan rakor dina raraga mapag Pemilu 2024, salian ti Kapolres Majalengka: Kepala Kejaksaan Negeri Majalengka Eman Sulaeman, Ketua KPU Kabupaten Majalengka Agus Syuhada, jeung sakumna PJU Polres Majalengka katut sakumna tamu ondangan lianna.

Digelarna rakor enggoning nyanghareupan Pemilu 2024 di Kabupaten Majalengka udaganna sangkan Pemilu Serentak Taun 2024 bisa dilaksanakeun sacara langsung, umum, bebas, rahasia, jujur jeung adil (Luber Jurdil).

Baca Juga: 100 Taun Ngadegna NU, Panitia Rek Ngayakeun Ceramah Kebangsaan

Tina sakumna pihak nu aya patalina jeung Pemilu 2024 kudu  koordinasi jeung gawe bareng kalayan hade. Ku kituna  Pemilu Serentak Taun 2024 bisa dilaksanakeun kalayan hade dina satiap tahapanna luyu jeung aturan.

Kapolres Majalengka AKBP Edwin Affandi netelakeun soal distribusi logistik Pemilu 2024 kudu dilaksanakeun sacara rinci tur detail, supadaya teu kajadian deui saperti Pemilu 2019: Pahilina surat suara dina waktuna nyoblos nu ngalantarankeun pasualan.

"Dina distribusi logistik Pemilu 2024 ti gudang KPU ka gudang kecamatan,  bakal dikawal supados teu kajantenan deui pasualan akibat kalepatan kogistik," ceuk Kapolres Majalengka.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x