H. Yanto : Ulah Hariwang Aula Kantor Pemerintah Desa Dipake Reses

- 14 Februari 2023, 19:51 WIB
Anggota DPRD Kabupaten Bandung H. Yanto Setianto basa reses di Saung Silaturrahmi Dalil 2 di Margahayu.*
Anggota DPRD Kabupaten Bandung H. Yanto Setianto basa reses di Saung Silaturrahmi Dalil 2 di Margahayu.* /SOPANDI/

GALURA- Anggota DPRD Kabupaten Bandung Fraksi Golkar, H. Yanto Setianto, nyebutkeun ulah hariwang aula kantor pemerintah  desa diinjeum keur tempat reses anggota dewan.

 

"Margi reses mah sanès politik atawa kampanye, tapi program pamarèntah kanggo anggota dewan ngawadahan aspirasi warga, " ceuk H. Yanto.

Yanto ngedalkeun kitu,  satutas ngalaksanakeun reses anggota DPRD masa sidang II taun 2023, di Saung Silaturahmi Margahayu, Salasa (14/2/2023).

Baca Juga: Uya Mulyana Mitembeyan Reses di Desa Cigondewah

 

Inyana  ngamalum,  ku lantaran taun 2023-2024 ngarupakeun taun  pulitik, jadi  wajar sagala rupa hal sensitif.

 

"Kedah atoh upama aya anggota DPRD nambut aula kanggo reses, teras ngulem warga desa," ceuk Yanto

Kudu atoh teh ceuk Yanto, sabab Dina reses   saniskara aspirasi pikeun  pibahaneun panganggaran jeung  kawijakan bupati bisa katepikeun.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x