GALURA- Anggota DPRD Kabupaten Bandung ti Fraksi PKB H. Uya Mulyana mitembeyan reses, dina Reses DPRD Kabupaten Bandung Masa Sidang II Tahun 2023.
Dina eta reses, Uya nepungan konstituen di lemburna, Desa Cigondewah Hilir, Kecamatan Margaasih, Senen (13/2/2023).
Kepala Desa Cigondewah Hilir Syaiul Huda, miharep sangkan warga ngamangpaatkeun reses, pikeun nepikeun saloba-lobana aspirasi.
Baca Juga: DPRD jeung Dinkes Kabupaten Ciamis Meredih Pihak Sakola Nalingakeun Jajanan Barudak
"Naon waè ajengkeun, pibahaneun anggota dewan engkè di APBD Kabupaten Bandung taun 2024," ceuk Syaiul Huda