Pangdam III Siliwangi, Ngajak PWI Jawa Barat Milu Ngawedelan Katahanan Pangan

- 15 Februari 2023, 20:15 WIB
Pangdam III Siliwangi, Mayor Jenderal Kunto Arief Wibowo,  dipotret  bareng reujeung rengrengan pangurus PWI Jawa Barat, Salasa, (15/2/2023).*
Pangdam III Siliwangi, Mayor Jenderal Kunto Arief Wibowo, dipotret bareng reujeung rengrengan pangurus PWI Jawa Barat, Salasa, (15/2/2023).* /

GALURA-Panglima Komando Daerah Militer (Pangdam) III Siliwangi, Mayor Jenderal Kunto Arief Wibowo, umajak hususna ka PWI Jawa Barat, pikeun ngariksa reujeung ngarumat mekarna potensi anu aya di Jawa Barat.

Kawas potensi sumber daya alam, energi, seni budaya jeung potensi-potensi sejenna.


"Aya seueur potensi anu teu acan  kaguar," ceuk Kunto, basa silaturahmi reujeung rengrengan pangurus PWI Jawa Barat, di rohangan Tirtayasa Makodam III Siliwangi, Jalan Aceh No.9 Kota Bandung, Rebo, (15/2/2023).

Baca Juga: Hari Pers Nasional, PWI Kuningan Ziarah di Makam Wartawan Entragan Taun 1970-an


Patali eta hal, Kunto miharep PWI Jawa Barat bisa turun langsung pikeun milu ngawedelan katahanan ekonomi, sosial jeung budaya.

Salila kurang leuwih dua jam, Pangdam III Siliwangi nembrakeun kiprah jeung inovasi anu enggeus jeung anu keur dilakonan, ngait kana pemberdayaan ekonomi masarakat.

"Hayu urang sasarengan bagerak ngawujudkeun katahanan pangan, katahanan ekonomi, beh dituna katahanan NKRI," pokna.

Baca Juga: HPN 2023 PWI Perwakilan Kabupaten Ciamis, Wakil Bupati Ciamis: Kabeh Bisa Jadi Wartawan

Sajeroning kitu, Ketua PWI Jawa Barat, Hilman Hidayat, ngabageakeun kana naon rupa ku pangdam.

Hilman miharep, kahareupna PWI Jawa Barat reujeung Kodam III Siliwangi bisa sabeungkeutan babarengan ngawal NKRI.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x