Barokah Ramadhan, TMP bareng jeung Relawan Laskar katut Sasama Babagi Tajil di Lapas Majalengka

- 20 April 2023, 09:34 WIB
Dewan Pengurus Cabang (DPC) Taruna Merah Putih (TMP) Majalengka  bareng jeung Seniman Satatar Majalengka (Sasama), relawan Laskar babagi tajil jeung sangu box di Lapas Majalengka (18/05/2023).
Dewan Pengurus Cabang (DPC) Taruna Merah Putih (TMP) Majalengka bareng jeung Seniman Satatar Majalengka (Sasama), relawan Laskar babagi tajil jeung sangu box di Lapas Majalengka (18/05/2023). /Ayank Sambara/Galura

GALURA –Dewan Pengurus Cabang (DPC) Taruna Merah Putih (TMP) Majalengka bareng jeung Seniman Satatar Majalengka (Sasama), relawan Laskar, Ahad kamari, babagi tajil jeung sangu box pikeun buka puasa ka kulawarga pasen di RSUD Majalengka jeung RSUD Cideres. 

Poe Salasa (18/05/20) DPC TMP Majalengka nu oge bareng jeung Sasama katut relawan Laskar, babagi tajil jeung sangu box ka warga binaan di Lapas Klas II B Majalengka.

“Alhamdulillah DPC TMP Majalengka nsareng Sasama katut relawan Laskar anjangsono sareng warga Lapas Kelas II B Majalengka. Aya kirang langkung 400 paket nasi box sareng tajil kanggo buka puasa,” ceuk Bendahara DPC TMP Majalengka Dena Muhamad Ramdhan nu oge bakal calon ketua Kadin Majalengka (18/04/2023).

Baca Juga: Optimalisasi Lahan jeung keur Kedaulatan Pangan, DPC PDI Perjuangan Majalengka Ngabagikeun Bibit Pertanian

Aya alesan nu kacida hadena TMP, organisasi sayap PDI Perjuangan nu pangurus pusatna dipupuhuan ku Maruarar Sirait teu sukur babagi kadaharan pikeun buka puasa ka nu aya di jalan wae, tapi oge keur warga lapasnu tangtu teu laluasa nyiapkeun dahareun keur buka puasa.

“Warga binaan kawilng antusias. Duka eta mangrupi respon sono ka pasakan di bumi atanapi kumaha. Simkuring saparakanca ngucapkeun syukur, tiasa ngabagikeun kabingah. Simkuring sapraraknca oge ngabagikeun tajil ka nu keur aya jalan di 14 kecamatan di Majalengka,” ceuk Dena Muhamad Ramdhan.

Dena nyebutkeun kagiatan sosial ngabagikeun takjil jeung sangu box, salian miharep barokah di Bulan Suci Ramadhan, oge umajak ka masarakat ngarojong deui Bupati Karna Sobahi neruskeun kapamingpinanna sarta nganteur Tb Hasanudin pikeun nyangking kalungguhan deui di DPR RI.

Warga binaan di Lapas Klas II B Majalengka dihibur ku organ tunggal Wanoja Sasama (18/05/2023).
Warga binaan di Lapas Klas II B Majalengka dihibur ku organ tunggal Wanoja Sasama (18/05/2023).

Kasi Bimbingan Narapidana Anak Didik (Binadik) Lapas Majalengka Adiyanto, ngaapresiasi kalayan hade kagiatan sosial DPC TMP Majalengka.”Kawilang ngabantos pisan. “Tangtosna nyandak kabarokahan kangge Lapas Majalengka. Pamugi kapayunna langkung raket deui silaturahmi tur anjangsonona,” pokna.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x