Sastra Sunda Putri Anjungsari (92), Marulang ka Pasir Raksabumi, Disampeurkeun ku Lalaki Anyar Pinanggih

- 20 April 2023, 05:28 WIB
Putri Anjungsari
Putri Anjungsari /Budi Riyanto/Galura

SUBA ngadaweung dina bangbarung saung pasir Raksa Bumi. Sorangan. Karek hudang. Datang ka Pasir Raksa  Bumi janari. Datang-datang dug wae ngedeng, bakating ku cape tas nyorang lalampahan nu sakitu jauhna bari jeung lolobana mah leumpang. Akina, Aki Kanta, teuing ka mana, teu nyampak.

Harita geus wanci pecat sawed. Lulungu keneh saenyana mah. Di saung taya nanaon. Hawu oge tiis, kitu deui tempat ngadurukan di hareupeun saung. Cirining geus rada lila Aki Kanta teu mirun seuneu atawa geus lila teu cicing di saung. Ngan ari sabudureunana mah teu barubud, jeung teu barala, cirining sok aya nu nyapuan.

Na kamana atuh Aki Kanta? Beuteung Suba kukurubukan. Ngajongkang ka jero saung, muka buntelan, endong. Di jerona aya gula beureum pamere tukang sadap di nu dumuk di tutugan Gunung Cakrabuana. Cai peueutna nu geus dicampuran ku ciasak herang oge aya keneh, rot diinum. Karasa ngageleser kana tikoro.

Panggih jeung tukang sadap di tutugan Gunung Carkabuana teh teu sabaraha lilana ti saprak Putri Anjungsari jeung pangiringna mariang, oge Aki Kanta jeung sabatur-batur laleumpang deui rek balik ka Kawali. Suba kacida capeeunana, nempo di saung ngelun, disampeurkeun. Tukang sadap tacan mulang ka imahna, keur meresihan lodong.

Kurah-koreh deui kana endongna. Manggih beuleum beubeutian, dua siki. Dipurak. Najan tiis oge didahar, tamba lapar. Geus kitu Suba, kaluar, sarta luntang-lantung di pakarangan saung, bari neangan pangpung jeung ngala kararas, rek ngadurukan, ambeh teu tiis teuing jeung keur ngusir reungit, laleur jeung sabangsana.

Keur nagog di sisi tempat ngadurukan bari nyekes-nyekeskeun batu paranti ngadurukan, nu dianteulkeun kana lulum, kadenge sora nu laleumpang ti lebah jalan nu netek. Suba nangtung, laju leumpang ka sisi gawir. Breh teh sabababraha urang keur ngahanca tanjakan nu beuki netek, pairing-iring. Ditelek-telek.  

Suba bungaheun pisan. Anu daratang teh Aki Jaya, Atus, Asmita, Gingin, Olot Kaya, Bena jeung Rait, tambah ku tukang parahu. Suba balik deui kana durukan. Nyekes-nyekeskeun deui batuna, lulum ngelun, aya ruhakan, kararas diadekkeun bari ditiupan, hurung, terus ditunda dihandapeun pangpung nu gararing. Kararasna ditambahan deui.

Seuneu dina dina durukan gancang hurungna. Kaayaan teh jadi haneut. Suba balik deui ka deukeut gawir, rek mapagkeun nu alanyar datang. Barang gok, Asmita, Atus jeung Gingin kacida atoheunana, ukur Aki Jaya nu sikepna biasa mah, kitu deui Olot Kaya, Bena, Rait jeung tukang parahu.

“Bagea, baraya,” ceuk Suba ka Olot Kaya, Bena jeung ka Rait.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x