“Tapi geuning teu barubud.”
“Kawasna unggal poe aya nu miara. Ngan teu apal saha-sahana, poe ieu mah tacan aya nu rek beberesih.”
Aki Jaya, Asmita, Gingin jeung Atus arasup ka saung, nunda babawaanana. Ari Olot Kaya, Bena jeung Rait henteu arasup ka saung, ngilikan sabudeureun saung.
“Aka, kami rek ka ditu heula,” ceuk Olot Kaya ka Aki Jaya. Nga-aka-keun ayeuna mah, meureun pedah Aki Jaya umurna saluhureun.
“Seug, kami moal marengan,” tembal Aki Jaya.
Anu dijugjug ku Olot Kaya, Bena jeung Rait teh petempatan anu biasa dipake menekung atawa mujasmedi, tetenggerna batu nangtung jeung aya batu demprak paranti diuk.
“Ka mana kira-kira aki dia, Ba?” ceuk Aki Jaya ka Suba.
“Teu nyaho,” tembal Suba.
Keur kitu kurunyung dua urang lalaki make pakean sarwa hideung. Suba teu wawuheun, kitu deui Aki Jaya, Asmita, Gingin jeung Atus.
“Amit, kaula seja beberesih di dieu,” ceuk salahsaurang.